Kénging RH. Tarmidzi
Lungsurna ayat suci al-Qur’an minangka pituduh, salahsahiji tujuanana mah geusan nyalametkeun manusa tina rupa-rupa ma’siat. Sapertos écés pisan dawuhan Allah Swt. dina surat An-Nur ayat 21, nu kieu unina : Yaa ayyuhal ladziina aamanuu laa tattabi'u khutuwaatisy syaitoni, wamay yattabi khutuuwatisy syaiton, fainnahu ya'muru bil fahshaa'i wal mungkar. Walao laa fadlullohi 'alaikum warohmatuhuu maa jakaa mingkummin ahadin abadaw walaakinnallah a yuzakki mayyasyaa'u wallah u sami'un 'aliim. Nu hartosna : "Yeuh jalma-jalma anu ariman! Maranéh ulah nurut kana léngkah-léngkah sétan, karana sing saha anu nurut kana léngkahna sétan, nya saenyana manéhna geus nitah batur ngalampahkeun kajahatan jeung kamungkaran, jeung lamun seug teu aya kurnia ti Allah katut rahmat-Na ka maranéh moal aya nu beresih saurang ogé. Tapi Allah ngabersihkeun sing saha anu dikersakeun ku Anjeunna, jeung Allah Maha Ngadangu, Maha Uninga."
Margi kitu, kumaha sangkan urang teu tigebrus kana langkah ma’siat nu dicandak ku syaiton? Alhamdulillah umat Islam ngalangkungan papagon agama, diterangkeun, naon waé nu kedah dipahing atanapi nu kedah dijauhan.
Diterangkeun ku para ulama, diantawisna nu diterangkeun dina kitab Sulammut Taufiq, dimana aya sababaraha perkara nu kedah dipahing dina hirup di dunya ieu. Nu kahiji, wamin ma’aashil qolbi, nyaéta nyegah ma’siat haté. Ari ma’siat haté téh nyaéta riya. Sagala amal kahadéan upama ditungtungan ku riya, mangka bakal leungit éta kahadéan, malahan nu bakal terus nerap kana dirina téh nyaéta sipat ujub. Sedengkeun ari ujub, nyaéta ngalaksanakeun ibadah tapi teu meunang anugrah Allah Swt., lantaran ibadahna lalawora, dirina teu ngarasa yakin, yén ibadah mung keur Allah Swt.
Ieu conto ma’siat haté nu kalan-kalan sok nerap ka diri urang dina ngalaksanakeun ibadah. Malahan disaurkeun deui cék paraulama, lamun ibadah urang katépaan sipat ujub, mangka kadituna sok nerap sikep takabur jeung hasud. Ari takabur téh, roddul haqqi wastihqorunnas waruyatuhu annahu khoerun min katsirin min holqillohi ta’ala. Nolak bebeneran, ngahina manusa jeung ngarasa dirina leuwih hadé tinimbang kalolobaan mahluk Allah Swt. Sedengkeun ari hasud mah, karohiyatu alni’mati lil muslimi wastisqo luha idza lam yakrohhu. Ngarasa teu tumarima kana ni’mat Allah nu dibikeun ka papada kaum muslimin, jeung ngarasa beurat kana ni’mat, saupama dirina tacan ngarasa ngéwa kana éta ni’mat. Hartosna, kani’matan nu dilungsurkeun lain ditasakuran ku cara ibadah ka Allah, tapi ieu mah kalah, nyebut-nyebut, yén éta ni’mat lain ti Allah Swt. Lantaran sikep takabur kitu, kayaning amalan saperti sodakoh ogé, saeutik-eutik teu kuat hayang diobrolkeun.
Ieu di antara ma’siat haté nu loba nerap dipapada jalma. Ieu panyakit, rék di nu beunghar rék di nu masarakat, ubarna teu aya deui, anging ku nyeueurkeun ibadah deui ka Allah Swt.
Ma’siat Badan
Lian ti ma’siat haté ogé aya ma’siat badan. Paraulama nerangkeun ma’siat badan mah kacida jéntréna, sabab sipatna badaniyah, ketempo ku panon. Anapon larangan nu kudu dijauhkeun tina ma’siat badan, nyaéta, kahiji wamin ma’ashil batni, ma’siat beuteung. Naon waé nu kagolongkeun ma’siat beuteung? Diantarana nuang harta riba, nuang hasil gasab atawa meunang dosa, meunang korupsi, meunang nipu, meunang nganyenyeri batur. Kitu deui nu kaasup ma’siat beuteung nuang harta meunang tina transaksi atawa muamalah nu diharamkeun saréat Allah Swt., inuman arak jeung nuang satiap perkara nu matak mabok, nuang harta budak yatim ku cara ngarampas, nuang harta wakaf nu teu luyu kana saratna.
Kadua, wamin ma’ani aeni. Ma’siat mata. Ieu urusan tetempoan nu kacida beuratna. Komo dialam kiwari mah, sagala katempo jeung kalan-kalan kapaksa kudu ditempo. Diperjalanana, dina tipi di pagawéan jeung sajabana. Naon waé perkara tetempoan nu mawa kana kam’siatan, mangka éta kaasup ma’siat mata. Kaasup nempo aurot nu lain muhrim, nu kiwari beuki mahabuna. Ieu kacida dipahingna dina agama Islam. Sabab, dina Islam jelas, yén agama téh keur ngaluhurkeun darajat manusa lain keur ngalagragkeun darajat manusa. Sedengkeun urusan muka-mukakeun orat, manusa teu ngasara sadar, yén nu karitu téh saéstuna ngalagragkeun aorat.
Katilu, wamin ma’ani lisan. Ma’siat tina lisanna. Tah panyakitu ieu mah, kacida loba. Malahan alatan dosa-dosa jeung kama’siatan nu kakarayapan di ieu bangsa, asal muasalna mah tina urusan lisan. Jinek dina Islam, pidawuh Rosul, al-Muslimuna man salima muslimuna millisanihi wayadihi. Nu disebut muslim téh, jalma nu salamet tina lisan jeung leungeunna. Pabéntar paham, silihdedetkeun, silihgoréngkeun, éta kabéhanana pagawéan lisan.
Écésna nu kaasup ma’siat lisan, di antarana ghibah. Nyaritakeun hiji perkara nu mantak pinyerieun batur. Ieu nu kiwari keur dipikaresep ku ahli ma’siat jeung dipikaresep ku papada jalma, kaasup kaum muslimin. Ngobrolkeun batur, ngobrolkeun papada muslim nu mantak nyeri, nu mantak teu senang kana éta carita, geus jadi pagawéan maneuh. Asana kiwari létah ngarasa teu betah lamun hiji poé teu ngobrolkeun batur. Ku kituna, pantes, pagawéan nu kieu téh disebut pagawéan nu sarua jeung ngadaharan bangké. Nu sok ghibah, leuwih ijig tinimbang bauna bangké manusa.
Ma’siat lisan séjénna nyaéta, namimah. Nyieun kariceuwan ku cara ngadu-ngadukeun batur sangkan ulah akur. Nu kieu nu ngobrolna saperti oray, luar léor bari néangan mangsa hayang jalma tingararadu, ulah akur. Jalma namimah, kasebut beungeut nyanghareup ati mungkir. Sipat nu kieu kacida ngaruksakna, malah leuwih ruksak tinimbang ngalakukeun hiji dosa leutik. Di bangsa urang teu saeutik, bangsa jadi ancur gara-gara miara jalma-jalma nu pagawéan namimah. Loba kabandungan jalma nu teu senang lamun batur bungah, teu senang lamun batur maju. Pangpangna dina urusan politik, apan sakitu biasana. Malahan ‘namimah’ geus asup kana program stratégi. Naudubillahimindzalik.
Ma’siat lisan deui, al-Kidzb, nyaéta bohong. Bohong téh nyaéta sagala ucapanana palsu alias teu luyu jeung kanyataanana. Tangtu bohong didieu nyaéta ngalakukeun kabohongan nu teu dimeunangkeun. Saperti dina kasaksian di pangadilan. Ngabohong dina kompanyeu. Pamingpin rék ngaraharjakeun rayatna, tapi manéhna korupsi, éta bohong.
Kaopat, ma’siat ceuli atanapi pangdangu. Sam’a atanapi alistima’u nyaéta panguping. Dina al-Qurán, Allah Swt. ngagubragkeun manusa tina patuangan ibu téh dina kaayaan teu apal naon-naon, laa ta’lamuna saea. Saterusna Allah Swt. nyiptakeun pangdangu, panempo jeung haté, la’alkum tasykurun. Sangkan anjeun sukuran. Tah, pangdangu téh anugrah nu kacida agungna. Ku kituna, lamun pangdangu dipakéna keur ngupingkeun kama’siatan lain keur nguping bebeneran jeung ayat-ayat Al-Qur’an, éta kagolongkeun ma’siat. Sabab loba jalma nu dititah ngadéngékeun Al-Qur’an terus horéam, tapi ari ngadéngékeun nu paraséa mah, kacida sumangetna.
Kalima, ma’siat leungeun. Ngalakukeun pagawéan leungeun keur ngalakukeun dosa. Kayaning ngurangan takaran dina dagang. Kitu deui leungeun keur korupsi, keur gasab, keur nyopét atawa ngabangsat, kaasup pagawéan nulis lain keur ma’ruf tapi keur mungkar. Kutrat-kotrét angka keur manipulasi, keur malsukeun data, sangkan dirina meunang untung, éta kaasup ma’siat leungeun.
Kagenep, ma’siat farij. Ieu dosa nu kacida pibahlaeun. Ngalajur nafsu ngadadagangkeun kahormatan, kaasup dosa gedé, sabab geus jauh tina tujuan agama, jauh tina darajat kamanusaan. Ma’siat farij kacida mantak ngabalukarkeun bahla. Ngadeukeutan zinah ogé ulah, komo ngalakukeunana mah. Ieu eunteung keur bangsa urang. Boa-boa bangsa jadi teu barokah gara-gara urang ngingu jalma-jalma nu sok ngalakukeun ma’siat farij.
Katujuh, wamin ma’ashi arrizli, ma’siat suku. Ngalakukeun pagawéan dina jalan ma’siat, saperti gawé ditempat nu jauh jeung bebeneran. Gawé ditempat ngalajur nafsu, atawa iinditan ka tempat keur korupsi, keur nipu jeung sajabana. Ieu kagolongkeun ma’siat suku, lantaran geus leumpang demi kama’siatan.
Kumargi kitu, ugeran agama sangkan ngajauhan ma’siat haté jeung badan, minangka pituduh sangkan manusa ulah betah cicing dina picilakaeun, malah mandar kudu geuwat pindah ka jalan pisalameteun. Nu dipahing kakufuran nu dijalankeun sukuran.
Dina al-Qur’an loba pieunteungeun keur tatapakan hirup, di antarana al-Qur’an geus nyontokeun kumaha nagri Saba ku Allah mimitina nu dimulyakeun. Alatan kufur ni’mat, cacaritaan palsu, siga suka tapi henteu, siga nyaah tapi henteu, ngagunasika ka rayat nu lieuk euweuh ragap taya, saharitaeun ku Allah Swt. dibalikkeun kana kahancuran.
Tah, bangsa urang cara ayeuna jigana rada deukeut ka dinya. Allah Swt. nuduhkeun, jalma nu kufur, jalma nu patukangtonggong jeung hak, bebeneran, Allah bakal nurunkeun adzab lantaran pagawéanana. Walakin kaddabu, faahodna bimaa kaanu yakdibuun (Al-Araf : 96).
Mudah-mudahan urang kalebet kana golongan nu salawasna kénging panangtayungan Allah Swt. Allohuma robbana dolamna angfusana waillam tagfirlana watarhamna lanakunanna minal hoosiriin. Allahuma as'aluka saabatan firrusdi wa as'aluka ajimatan firrusdi, wa as'aluka sukron fini'mati wahusna fi ibadati wa as'aluka lisanan sodiqo wa qolban salima.*** Amin Ya Robbal 'alamin.
0 Komentar