Mun téa mah urang kumelip di alam lahir kumelendang di alam dunya ieu aing-aingan, kumakarep sorangan, tada teuing cilakana. Numawi Alloh SWT maparin pituduh sangkan urang hirup bérés roés, di antarana ku ayana pamingpin jeung kamampuh mingpin diri pribadi. Tegesna mah urang hirup di alam dunya téh perlu pangaping pingpinan dina harti anu jembar.
Harti pamingpin kalan-kalan sok jadi heureut, nyatana togmol ditujukeun ka nu nyekel kakawasaan/jabatan boh di instansi pamaréntah atawa partikulir, siga RT, RW, lurah, camat, bupati/walikota, gupernur, presidén, manajer, diréktur, jeung sajabana. Teu lepat da mémang nu disebut pamingpin téh nyatana aya anu dipingpinna dina lingkup organisasi atawa kumpulan balaréa.
Nanging, tétéla pamingpin numutkeun ajaran Islam mah mibanda harti jembar, teu kawates ku jabatan jeung kalungguhan, teu kasungkeret ku waktu. Siga dina kapamingpinan nagara/pamaréntah, aya usumna, aya waktuna. Numutkeun saréat Islam mah, unggal muslim téh kalebet pamingpin nu tangtos gaduh ''bawahan'' anu dipingpinna jeung taya istilah periodeu da jujuluk pamingpin  individu muslim mah keur saeneng-eneng, taya istilah léngsér kaprabon.
Ngeunaan kapamingpinan nu jembar dina Islam, kauninga dina hadis  nu hartosna:
''Unggal jalma téh jadi pamingpin jeung boga tanggung jawab kana naon-naon anu dipingpinna. Raja téh pamingpin, manéhna boga tanggung jawab ka rahayatna. Salaki téh pamingpin anggota kulawargana, manéhna boga tanggung jawab ka kulawargana. Pamajikan téh pamingpin dina rumah tangga jeung manehna boga tanggung jawab kana rumah tanggana. Pembantu (ogé) pamingpin (nu mulasara/ngajaga) harta banda dununganana jeung boga tanggung jawab geusan miarana. Anak jadi pamingpin kana harta banda kolotna jeung boga tanggung jawab dina hal éta.'' (HR Bukhori jeung Muslim)
Kitu pidawuh Rosululloh saw. ngeunaan hakékat kapamingpinan nu jembar anu tétéla ningan urang sadayana gé kalebet pamingpin anu gaduh tanggung jawab kana naon-naon anu ku urang dipingpin. Cindekna mah unggal jalmi téh mibanda pancén kapamingpinan dina lingkunganana masing-masing.

Turut papagon ahlak Islami
Mertéla kembang boléd, tanggung jawab jadi pamingpin téh sanés joré-joré. Geusan mibanda bekel nalika ngajalankeun kapamingpinan, tangtosna ogé nu teu kinten diperyogikeun mah nyaéta ahlak anu saé. Anapon kokocoran ahlak nu utami taya kajabi anging hidayah Alloh sareng RosulNa. Apanan pancén jungjunan urang sadayana, Nabi Muhammad saw., nu utami téh geusan nyampurnakeun ahlak manusa sakumna.
Ku kituna,  keur singsaha baé nu palay suksés dina ngamudi kapamingpinan boh pribadi boh nu langkung jembar, tangtosna kedah tunduk tumut kana papagon ahlak nu sumberna ti Alloh sareng RosulNa.
Hanjakal urang sadayana sok ngapilainkeun papagon agama alatan leuwih percaya kana aturan jieunan manusa nepi ka lamun aya kecap syariat Islam digédéngkeun jeung nagara téh kacida alérgina. Rupa-rupa alesanana. Aya nu nyebutkeun tong mamawa agama kana urusan nagara da éta hukum agama mah kacida beuratna, aya qishash, teukteuk leungeun, rajam, jst.
Aya deui nu boga pamadegan agama moal mampuh ngigelan jaman, moal aya kamajuan. Seni jeung budaya, angot tradisi jeung adat moal hirup lamun hukum saréat diterapkeun. Di sagédéngeun kitu apan pangeusi ieu nagri téh héterogén, rupa-rupa séké sélér, adat budaya, jeung sajabana.
Antukna aya wé tuduhan goréng kana agama nu ti heula mah ningan sok aya kacapangan agama penghambat kamajuan. Kumaha waleran Alloh sareng Rasulna? Muhun dawuhan Alloh SWT, ''Pék téh teuing rék hirup bébas sabébas-bébasna gé!'' da kanggo Alloh mah jalma rék iman atawa rék kufur hamo ngarobih kakawasaanNa. Ngan, ari keur nu iman, nu yakin ayana Alloh, nu ngangken Muhammad sabagé nabi sareng rosul nya wayahna kaiket ku nizham, aturan, hukum, nu ditangtukeun. 
Siga ceuk nu nyieun mobil, ieu mobil téh maké erém, aya keur ngagas, majuna maké bahan bakar, aya lampuan, jeung kaca sepion. Pék gunakeun éta alat-alat téh lamun hayang salamet nalika ngajalankeun mobil.
Nya kitu deui dina kahirupan umat Islam nalika jadi pamingpin téa, prak laksanakeun aturan-aturan Alloh sareng RosulNa ari enya ngaku salaku muslim mah, ngarah salamet. Sabab, nu dimaksud suksés ngajalankeun kapamingpinan pikeun kaom muslim mah sanés baé hasil mangrupa matéri duniawi, nanging dugi ka ahérat.
Seueur pisan papagon kapamingpinan numutkeun ajaran Islam anu mémang kacida pisan nekenkeunana sangkan urang sadayana hirup barjamaah. Di antawisna baé pamingpin mah kedah adil sakumaha pidawuh Alloh dina Al Quran nu hartosna:
''Hé jalma-jalma nu ariman, prak maranéh jadi jalma anu salawasna ngadegkeun (hak) karana Alloh jadi saksi kalawan adil. Jeung poma kaceuceub maranéh ka hiji golongan ngajadikeun maranéh migawé kateuadilan, pigawé adil karana adil téh leuwih deukeut kana takwa. Jeung takwa ka Alloh, saéstuna Alloh Maha Uninga kana naon-naon anu ku maranéh dipigawé.'' (Al Maidah ayat 8)
Kitu pituduh Alloh kanggo urang sadayana dina raraga ngajalankeun kapamingpinan.  Nyatana kedah adil. Utamina ka para pamingpin anu nyangking kalungguhan sareng kakawasaan ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara di payuneun rahayatna. Ulah dugikeun ka alatan bénten bandéra partéy heug cueut  ka nu hideung ponténg ka nu konéng.
Anapon lawan adil téh nyatana dolim. Tegesna lamun pamingpin teu adil, hartina manéhna dolim, pagawéan anu kedah ditebihan. Apan dawuhan Alloh dina Al Quran surat Asy Syuuro ayat 42 jéntré diterangkeun yén jalma anu dolim téh baris ditibanan azab anu rosa.
''Saéstuna dosa téh (nyaéta) pikeun jalma-jalma anu migawé dolim ka manusa jeung ngaleuwihan wates wangen di bumi tanpa hak, maranéhna meunang panyiksa anu peurih.''
Ari saur ki juru pantun:
''Kang Iin mamanggul bedil,
dahar nangka ti Kang Nana.
Pamingpin anu teu adil,
naraka bagéanana.''
Panyaram ngalakukeun kadoliman keur para pamingpin téh ogé dijéntrékeun dina hadis nu hartosna:
''Jalma anu pangbeurat-beuratna narima siksa dina poé kiamat nyaéta siksaan pikeun pamingpin anu dolim.'' (HR Thobroni ti Abdullah bin Mas'ud r.a.)
Jalma anu ngalakukeun kadoliman ka nu dipingpinna sarua jeung ngadoliman dirina sorangan tur hal éta téh kagolongkeun kana dosa gedé nu témahna sawarga ogé hamo narima sakumaha diuningakeun dina hadis nu hartosna.
''Singsaha anu ku Alloh dijadikeun pamingpin terus manéhna  henteu jujur ka nu dipingpinna, Alloh ngaharamkeun pikeun manéhna asup ka sawarga.'' (HR Bukhori)
Katangen kacida ngarugikeunana paripolah dolim téh. Ku kituna, kalah kumaha waé ogé sikep adil, jujur, nalika mingpin kedah leres-leres dicepeng deleg malah mandar tebih tina dosa. Lian ti adil jeung jujur, pamingpin ogé kudu ngajalankeun amanat, nyaéta bisa dipercaya jeung miara kapercayaan balaréa. Ngeunaan amanat diuningakeun dina Al Quran nu hartosna:
''Alloh maréntah ka anjeun sangkan ngalaksanakeun amanat ka nu hak (narimana).'' (Surat An Nisa ayat 58)
Nepikeun amanat ka nu hakna mangrupa pancén anu beurat sakumaha nu kaunggel dina hadis nu hartosna:
''Ajaran Islam anu panggampangna nyaéta ngedalkeun kalimah syahadat, anu pangbeuratna nyaéta miara amanat. Henteu ditarima (umakuna) agama jalma anu teu mibanda sikep amanat, henteu ditarima solat jeung zakatna.''(HR Al Bazar)

Mageuhan duduluran
Ngeunaan hal ieu, M. Yunan Nasution dina bukuna ''Khutbah Jum'at'' Jilid VII nerangkeun, ''Dina garis badagna, rohang lingkup miara amanat téh kabagi tilu. Kahiji, amanat ka Alloh. Kadua, amanat ka sasama mahluk, utamana manusa. Katilu, amanat ka diri pribadi.
Miara amanat téh mangrupa tarékah daria mageuhan tali duduluran jeung papada urang. Dina hal ieu, Sayid Jamaluddin Al Afghani nyimpulkeun yén lamun amanat ruksak, bakal pegat tali beungkeutan kahadéan.  Tata susunan kahirupan ogé bakal bengkah jeung tarékah ngawangun masarakat insani baris burakrakan.
Nyéléwéng tina amanat lain waé bakal nyilakakeun ka nu milampahna, tapi ogé bakal tumiba ka masarakat séjénna.
Miara amanat kaasup ogé maparin pancén gawé atawa ngaréngsékeun hiji urusan atawa tanggung jawab ka jalma anu mibanda kamampuhan jeung ahli dina widangna kalawan nyumponan sarat. Rosululloh saw ngadawuh:
''Lamun amanat dimomorékeun baris timbul kaancuran. Para sahabat tumaros, naon nu dimaksad ngamomorékeun amanat téh ya Rosululloh? Lamun hiji urusan dipasrahkeun ka jalma anu lain ahlina.''(HR Bukhori)
Pamingpin kudu jujur (sidiq). ImamGozali ngabagi sipat jujur téh kana genep rupa, nyaéta: jujur (lempeng) dina omongan, lempeng karep, lempeng paniatan, lempeng ngalaksanakeun patékadan, lempeng dina pagawéan, lempeng dina nanjeurkeun bebeneran jeung ngamalkeun agama.''
Upama para pamingpin geus bener-bener aya dina kaadilan, amanat, jujur, atawa geus napak dina adeg-adeg ahlak Islam, rahayat anu dipingpinna wajib ngarojong, kudu tunduk jeung nurut, margi éta pamingpin tos tunduk sareng tumut kana pituduh Alloh sareng RosulNa.
Tumali sareng hal éta, dina Al Quran kauninga yén urang sadayana kedah hirup dina beungkeutan jamaah ku dasar toat ka Alloh sareng RosulNa.
''Jeung prak toat ka Alloh katut RosulNa, jeung poma maranéh silibantah anu nimbulkeun karémpan jeung ilang kakuatan manéh tur prak sabar. Saéstuna Alloh nyarengan jalma-jalma anu sabar.'' (QS Al Anfal: 46)
Dina hadis diuningakeun nu hartosna:
''Sohabat Anas r.a. sasauran yén Rosululloh saw. parantos ngadawuh: nurut jeung toat manéh sok sanajan anu mingpin manéh téh hamba anu handap nasab turunanana jeung goréng rupana, satungtung nyekel deleg kana Kitabulloh.'' (HR Bukhori)
Dina hadis sanésna diuningakeun:
''Sohabat Abu Huraéroh r.a. sasauran yén Rosululloh saw. parantos ngadawuh: singsaha anu toat ka kula tandaning manéhna toat ka Alloh jeung singsaha anu teu nurut ka kula tandana bahula ka Alloh. Singsaha anu  toat ka pamingpin hartina manéhna toat ka kula jeung singsaha anu bahula ka pamingpin hartina manéhna bahula ka kula.'' (HR Bukhori, Muslim, sareng Nasai)
Tah kitu sababaraha pituduh dina Al Quran sareng Hadis ngeunaan kapamingpinan anu napak dina adeg-adeg ahlak Islam. Mugia baé urang sadayana --boh salaku pamingpin diri  pribadi boh pamingpin rahayat-- kagolongkeun kana enas-enas pamingpin nu istikomah dina adeg-adeg ahlak Islam.
Cindekna, sateuacan miharep suksés jadi pamingpin balaréa, utamikeun heula nyukséskeun mingpin diri pribadi.
Pamungkas pedaran, hayu urang lenyepan peperenian ki juru pantun manawi aya pupurieunana.
''Ka Banjaran ngirim kapur,
nyimpang heula ka Soréang.
Sateuacan mingpin batur,
riksa heula diri urang.'' ***