Kénging Mahmud Yunus
Amanah (bisa dipercaya) mibanda dua harti. Harti husus jeung harti umum. Amanah dina harti husus, sikep tanggungjawab nu kapihapéan barang atawa banda jeung sabangsana ku cara mulangkeun atawa masrahkeun deui barang atawa banda jeung sabangsana dina wujud nu sarua jeung kaayaan waktu kapihapéan. Tanggung jawab nu timbul tina kasadaran dirina yén barang atawa banda jeung sabangsana nu dipihapékeun ka manéhna téh kudu diraksa jeung diriksa sangkan teu ruksak atawa teu leungit. Iwal ti kitu sadar kalawan sasadar-sadarna, dirina teu ngabogaan hak saemét-emét acan kana barang atawa banda, jeung sabangsana nu dipihapékeun ka manéhna. Amanah dina harti umum jembar kacida. Ngawengku sagala rupa nu dipercayakeun ka dirina boh perkara nu aya kaitanana jeung Allah SWT, pon kitu deui perkara nu aya kaitanana jeung papada manusa. Upamana, ngajaga rusiah. Alatan kitu munasabah jeung sapantesna, upama jalma nu teu bisa ngajaga rusiah nu diamanahkeun ka manéhna sok disebut hianat, curang, licik, atawa cidra. Upamana deui, iklas waktu nepikeun naséhat ka papadana nu merelukeun naséhat. Upamana deui, transaksi antara nu ngahutang jeung nu ngahutangkeun.
Nyindekel kana harti husus jeung harti umum nu dijelaskeun bieu, sipat amanah raket jeung sipat-sipat mulya séjénna saperti jujur, sabar, adil, asy-syaja’at/gedé wawanén, al-‘iffat/miara kahormatan diri, kitmaanu al-sirri/ngajaga rusiah, jsté. Nyumponan amanah téh, hukumna ditekenkeun pisan cindekna diwajibkeun. Allah SWT nandeskeun: “Saenyana Allah nimbalan ka maranéh sangkan maranéh nyampurnakeun amanah ka ahlina (tegesna nu ngabogaan hak), jeung upama nibankeun hukum ka jalma-jalma kudu kalawan kaadilan. Saenyana Allah maparin naséhat ka maranéh ku perkara nu pangalus-alusna. Saenyana Allah Maha Ngadangu, turta Maha Ningali” (QS An-Nisa [4] : 58). Ngalaksanakeun amanah kalawan sabener-benerna bakal nyalametkeun nu ngalaksanakeunana tina ancaman siksa Naraka. Allah SWT ngawawadian: “Saenyana moal aya nu bisa aman tina sikasaan Pangéranna” (QS Al-Ma’arij [70] : 28). Kajaba, di antarana baé: “Jalma-jalma nu ngaraksa amanah-amanahna katut jangji-jangjina” (QS Al-Ma’arij [70] : 32). Dumasar kana katerangan ayat séjénna, nu dimaksud aman tina siksa téh nya éta bakal miwaris Sawarga Firdaus turta langgeng di dinyana (QS Al-Mu’minun [23] : 11). Saha téa, pigur atawa tangtungan nu sapantesna dijadikeun picontoeun ku balaréa dina nyampurnakeun amanahna séwang-séwangan?
Kangjeng Rosul ‘Al-Amiin’
Amanah pangagungna nu dipercayakeun ku Allah SWT ka Muhammad bin Abdullah bin Abdul Muthalib (nurutkeun NJ Dawood dina The Koran diterbitkeun ku Penguin Books Ltd. kaca 13 jeung 14; lahir di Makkah taun 570 M – wapat di Madinah taun 632 M), nya éta nepikeun ajaran Islam ka sakumna manusa (kaaffatan linnaas). Rasulullah SAW kalawan rasa tanggungjawabna nu luar biasa, tihothat ngalaksanakeun tugas-tugasna. Sagala rupa dodoja, gogoda, halangan-harungan, hinaan, turta siksaan disanghareupan kalawan sabar jeung tawakal ka Allah SWT nu murbéng alam sadaya. Hasilna, Rasulullah SAW suksés ngalaksanakeun tugas-tugasna.
Saméméh diutus jadi Nabi jeung Rasul, Muhammad kawentar hiji nonoman nu jujur turta bisa dipercaya. Urang Arab mangsa harita saur manuk méré gelar al-amiin (lalaki nu bisa dipercaya) ka anjeuna. Sakanyaho kuring, ieu sesebutan téh husus diajangkeun keur Muhammad wungkul. Teu kabéjakeun aya urang Arab nu kungsi meunang prédikat al-amiin saméméhna. Kocap, hiji waktu (ceuk Abdul Mun’im Al-Hasyimi dina bukuna Akhlak Rasul Menurut Bukhari & Muslim diterbitkeun ku Gema Insani kaca 269 nalika Muhammad SAW yuswa 39 taun), bangsa Quraisy rempug jukung, paheuyeuk-heuyeuk leungeun, babarengan ngawangun (deui) Ka’bah. Saban-saban bani/sélér bangsa dibéré hancengan pigawéeun séwang-séwangan. Tayohna, ngarah teu pacorok. Bani Abdul Manaf, kabagéan nyieun pantona. Bani Makhzum dibantu ku sélér lianna, kabagéan nyieun témbok ti semet al-ruknu al-aswad tangka al-ruknu al-yamani. Bani Jumhin jeung Sahmin, kabagéan nyieun hateupna. Bani Abdud-Dar bin Qushay, Bani Asad bin Abdul ‘Uzza bin Qushay, jeung Bani ‘Adi bin Ka’ab bin Lu’ay, kabagéan nyieun Hijr Isma’il jeung satuluyna. Sedengkeun Muhammad SAW kabagéan ngunjalan batuna.
Sanggeus dirubuhkeun, bangsa Quraisy mimiti ngawangun Ka’bah sakumaha bihari. Ti awit batu kahiji ka batu kadua. Ti batu kadua ka batu katilu jeung saterusna. Sanajan saeutik-saeutik, lambat-laun Ka’bah téh ngajanggélék deui. Harita, nu acan dipasangkeun téh kari Hajar Aswad. Ceuk sangkaan tangtu bakal téréh anggeus. Tapi, kanyataana anggur jadi sabalikna. Saban sélér bangsa ngarasa boga hak nu sarua. Antukna, pakeukeuh-pakeukeuh. Malahan, aya ti antarana nu nganggap kelompokna leuwih ngabogaan hak batan nu séjén. Kebat, timbul adu-rényom nu matak nimbulkeun papaséaan. Bani Abdud-Dar jeung Bani ‘Adi bin Ka’ab bin Lu’ay mah komo, tepika wani nyebutkeun moal mundur satunjang béas. Siap paéh di dinya kénéh lamun masangkeun Hajar Aswad lain ku maranéhna! Kituna téh bari mawa samangkok getih. Laju, sakabéh anggotana nganclomkeun ramo-ramo leungeuna kana éta mangkok. Hiji tanda ‘solidaritas’. Minangka totondé sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan, sabata sarimbagan, sabagja sacilaka. Ceuk sakaol, pacogrégan kituna téh aya kana opat atawa lima poéna.
Untung, kaburu aya nu usul: “Kumaha upama nunjuk pihak katilu? Pasrahkeun sapinuhna ka manéhna, saha nu ahirna ditugaskeun masangkeun Hajar Aswad dina tempatna”. Ternyata, usulan bieu disatujuan ku bangsa Quraisy nu harita aya di dinya. Ngan saha pijalmaeunana? Jalma nu tadi usul, ngémbohan: “Ulah sok néangan nu hésé, urang pasrahkeun baé ka jalma nu pangheulana abus ka masjid. Saha baé jalmana mah”. Sajongjongan, sakabéh nua aya di dinya nyakséni nu pangheulana abus ka masjid téh Muhammad SAW. Kabéh nu aya dinya, taya nu wani ngalétak ciduh sorangan. Pamustungana, ieu “tugas beurat” téh diserahkeun ka anjeuna. Sabada jelas masalahna, Muhammad SAW langsung ngalaksanakeun tugasna. Anjeuna ngadawuh (eusina) kurang leuwih: “Dulur-dulur, kaula merelukeun salambar kaén, sukur-sukur mun wangunna pasagi opat”. Sanggeus kaén pasagi opatna siap, anjeuna gilig nunda Hajar Aswad di tengah-tengahna. Tuluy, anjeuna ngadawuh: “Ayeuna, tiap-tiap juru/tungtung kaén cekel sing pageuh. Saratna tiap-tiap juru/tungtung kaén kudu dicekel ku wawakil ti masing-masing kabilah. Terus, jungjungkeun bari sakalian bawa ka ditu (ka deukeut panto Ka’bah)”. Saentasna tepi ka nu dimaksud, Muhammad SAW ku anjeun nu masangkeun Hajar Aswad dina tempatna. Kiwari, katelah al-ruknu al-aswad.
Muhammad SAW jeung Sipat Amanah
Rasulullah SAW ngagaduhan sipat amanah nu lengkep turta sampurna. Kasampurnaan sipat amanahna hamo aya nu nyaruaan. Naon margina? Kumargi, anjeuna uninga kana kautamaana. Anjeuna dipastikeun lulus banglus tina sual kawajiban nyampurnakeun amanah. Namung salaku hamba Allah SWT sareng Rasul-Na, anjeuna teu petot-petot ngajelaskeun, ngajéntrékeun turta mapagahan, mépélingan ka umatna sangkan maranéhna ogé mibanda sipat amanah! Rupa-rupa naséhat Rasulullah SAW ngeunaan pentingna amanah téh, di antarana baé:
Kahiji, Abu Hurairah RA nyarioskeun yén Rasulullah SAW kantos ngadawuh: “Ya Allah, Kaula nyalindung ka Anjeun tina rasa lapar, lantaran éta téh minangka sobat nu pang goréngna; jeung Kaula ogé nyalindung ka Anjeun tina sipat hianat (sabalikna tina sipat amanah), lantaran éta téh minangka balad nu pang goréng patutna” (HR Abu Dawud, An-Nasa’i jeung Ibnu Majah). Kadua, Abu Hurairah RA nyarioskeun yén Rasulullah SAW kantos ngadawuh: “Allah SWT ngadawuh: Dina poé Kiamat, bakal aya tilu golongan jalma nu jadi musuh gerot Kaula: (Golongan) jalma nu geus ngedalkeun jangji ka Kaula wuri-wuri manéhna cidra, (golongan) jalma nu ngajual jalma merdika (sabalikna tina hamba sahaya) jeung ngadahar hasilna/duitna, jeung (golongan) jalma nu muruhkeun pagawéan ka batur tapi buruhna teu dibayarkeun” (HR Bukhari).
Katilu, Rasulullah SAW ngadawuh: “Saha baé nu nyiar kipayah ku cara nu teu dimeunangkeun (haram), tuluy inyana nganapakahkeun hartana, Allah moal méré kaberkahan (saemét-emét acan). Lamun hartana disidekahkeun, sidekahna moal ditarima. Atuh sésana, bakal diancokeun keur bekelna di Naraka”. Kaopat, Rasulullah SAW ngadawuh: “Kaimanan hiji jalma sirna, upama inyana teu bisa dipercaya. Jeung agama hiji jalma musna mun inyana tara salat” (Kanzu al-Ummal, 2/15; Taisiru al-Wushuul, 1/31; jeung Akhlak Rasul, 278).
Kalima, Rasulullah SAW ngadawuh: “Saenyana jalma nu paling handap darajatna mungguh Allah SWT di poé Kiamat, nya éta nu sok ngabukakeun rusiahna/ngeunaan ‘hubungan’ antara salaki jeung pamajikan” (Al-Jami’ Al-Shaghir). Kagenep, Rasulullah SAW ogé ngadawuh: “Anjeun moal ngarasa rugi satungtung ngabogaan opat perkara, najan anjeun teu ngabogaan harta-banda. (Nya éta) Amanah, jujur, ahlak mulya, turta ngaraksa kahormatan diri tina urusan dahareun” (Musnad Imam Ahmad). Wallahu ‘Alam.***
0 Komentar