Carpon Nyi Roro
"Da aku mah apa atuh... " cék kuring dareuda. Penny jeung Oky papelong-pelong, katénjo tina beungeut maranéhna nu ngarasa hémengeun. Omongan kuring siga nu heureuy, da kecap-kecap éta mah sok jadi bahan geuhgeuykeuneun barudak ABG jaman ayeuna. Saliwat karérét Penny geus calangap tapi kaburu ditoél mantén ku Oky duméh nénjo beungeut kuring daria, antukna buru-buru nungkupan biwirna.
Bada lebaran, mudik téh jadi mangsa nu cocog pisan pikeun riung mungpulung, panggih jeung babaturan keur jaman sakola baheula. Nya kitu deui Oky, Penny, jeung Utami harita ngahaja datang ka imah rék ngajakan reuni.
"Hayu atuh, Eroh. Manéh mah unggal aya reuni téh tara miluan. Kunaon sih?" ceuk Oky nanya bari leungeun katuhuna nyokot kuéh burayot nu disuguhkeun dina méja. Angger, boga sobat téh, sok ngajejeléh ngaran batur, saalus-alus tina Rohyani jadi Eroh.
"Teu nanaha," témbal kuring pondok.
"Sieun panggih jeung Dida nya?" Penny nanya bari ngiceupan ka Oky.
"Beuh? Dida? Éta mah masa lalu atuh. Geus lain-lainna deui... Heuheuy deuh.. " teu karasa curinghak, ingetan kuring nyoréang ka tukang.
"Januar atuh?" Penny nyelok.
"Komo, ka Januar mah geus teu inget-inget acan! Geus ah, tong ngaguar deui kabogoh jaman baheula," ceuk kuring bari ngadilak tuluy mésem.
"Nya naon atuh ari euweuh nu dipikasieun mah?" Oky nanya mani panasaraneun pisan.
Kuring asa-asa. Saméméh ngomong ngarandeg heula tuluy ngarénghap jero. Béjakeun entong nya? Keur maranéhna mah bisa jadi masalah ieu téh leutik, euweuh nanaonan. Tapi, keur kuring mah kacida pentingna.
"Kuring éra," jawab kuring halon.
“Naon? Sing tarik atuh, teu kadéngé!” cek Penny patémbalan jeung Oky.
“Éra!” ngomong téh rada ditarikan.
“Har, naha maké kudu éra sagala? Pirana gé kari ngurunyung? Boa-boa basa kaluar sakola can lunas mayar SPP-nya?” Utami ngaheureuyan siga nu ngahaja.
“Ish, gagabah! Matak diluluskeun gé SPP mah geus lunas atuh Tam! Éh, Pen ayeuna di kantor geus nyangking jabatan naon?” kuring nanya ka Penny. Ngahaja méngkolkeun omongan améh maranéhna teu ngaguliksek teuing kana alesan kuring.
“Geus tilu bulan uing jadi manager. Karék minggu kamari ngabringkeun anak buah ngiluan pameran arsitektur tropis di Frankfurt. Loba arsitek Jerman nu hookeun ningali hasil karya urang Indonesia nu daék ngaropéa wangunan tina bahan lokal,” cek Penny.
“Bahan lokal? Nu kumaha téa?” Utami nanya bari kerung.
“Enya, ciga ngawangun restoran tina bahan awi atawa nyieun galeri tina kai urut. Cindekna mah keur ngirit biaya, maké bahan saaya-aya tapi hasilna jadi nyeni pisan. Meungpeung keur di Eropa, bérés pameran dituluykeun jalan-jalan ka Walanda, Inggris jeung Perancis. Tah, yeuh oléh-oléhna gé,” ceuk Penny semu agul bari ngaluarkeun coklat jeung gantungan konci munara Eiffel tina kantongna, tuluy diasongkeun hiji sewang keur kuring, Utami jeung Oky.
“Duh, resep teuing nya? Iraha atuh uing bisa jalan-jalan ka luar nagri? Penny mah abong putra kadeuheus Pa Steph, pas pisan ayeuna jeneng dina widang desain,” cék kuring bari neuteup reueus. Ti jaman keur sakola kénéh mun pelajaran ngagambar, Penny remen meunang pamuji ti guru seni rupa nu kawentar galak, jenatna Pa Stephanus.
Kaimpleng, bagja temen mun seug kuring siga Penny, balik ti luar negeri turun tina pesawat, di bandara pakepuk ngadodorong troli nu pinuh ku koper jeung oléh-oléh. Kétang, mun dipikir ka dinyana mah, pan sarua kuring ge unggal poé ngaggugusur koper kelir kayas nu beuratna kacida da pinuh ku rupaning buku pelajaran. Sakapeung mah sok dijingjing da bisi ngagokkan kana léngkah batur. Enya, koper si cikal téa nu ayeuna geus kelas 2 SMA. Untung baé adina mah leuwih resep mamaké ransel. Tapi, angger nu ngagandongna kuring, da nu bogana mah ngagandeuang baé bari capék rahém rupa-rupa jajanan.
“Wayah! Roh kunaon kalahka ngalamun?” Penny ngagareuwahkeun.
“Oh éh, sok atuh tuluykeun, tapi resep pan jalan-jalan baé ka luar nagri?” cek kuring bari ngahéhéh, éra kanyahoan keur ngalamun.
“Sabenerna mah capé, Roh. Najan enya gawé téh siga nu babari ngan ukur gagambaran, tapi pan kudu réa ide jeung jembar pangalaman. Desain téh minangkana mah bagéan pangna dina perusahaan kuring. Mun desain goréng. Kumaha produk rék payu? Jadi uing kaasup jalma penting, sok mun euweuh uing? Rék kumaha tah perusahaan?” cek Penny rada dangah. Ukur seuri konéng ngadéngé omongan Penny nu kawas goong nabeuh manéh. Sihoréng panyakit agulna basa ti keur jaman sakola can cageur kénéh waé.
“Ari Oky? Masih kénéh jadi sekretaris di perusahaan nu baheula?” Kuring buru-buru nanya ka sobat nu hiji deui.
“Teu, ayeuna mah jadi sekretaris Vice President perusahaan Korea di Cikarang,”jawab Oky bari luway-liwey, gumeulis. Sajongjongan mah kuring cungeukngeuk, karék sadar ku kageulisan Oky. Karérét, ti tuntung rambut nepi ka kuku sukuna nu dipulas ku kitek éstu euweuh cawadeunana.
“Ky, manéh mah teu robah ti baheula téh, masing geus boga budak tilu gé angger wé geulis. Bagi atuh resépna,” cék kuring hayang nyaho.
“Eits, atuh jadi sekretaris mah lian ti ngabantuan tugas bos, kudu pisan ngamumulé awak sorangan. Ari hayang geulis ciga uing mah kudu boga jadwal unggal bulan keur ngogo manéh. Lian ti facial, kuku gé pan kudu diurus ku jalan manicure pedicure. Kulit awak ambéh alus, dua minggu sakali mah ngeueum di spa. Dipahing dahar sagawayah, kudu diet kadaharan nu loba lemakan. Ulah poho olah raga, uing mah sok ngojay jeung yoga saminggu dua kali,” témbal Oky bari nuduhkeun kulit leungeunna nu lemes semu hejo carulang. Teu béda jeung Penny, sakeudeung deui Oky pasti bakal ngaburudulkeun jurus-jurus ngageulisna nu tangtu baé kudu loba ngamodal.
“Hiji deui, Roh. Mun bisa mah indit-inditan téh maké mobil. Kebul mulek usum halodo ciga ayeuna téh matak mawa goréng kana beungeut,” cék Oky deui.
“Ari mobil geus ganti, Ky?” Tami nu ti keur SMA kénéh hobi pisan kana otomotif jiga jalu nanya ka Oky.
“Ganti, Mi. Ayeuna mah maké mobil sport nu jangkung. Teu ngeunaheun nyupiran sédan mah, asa depek teuing. Jeung deuih, mun usum banjir mesin hariwang kakeueum,” témbal Oky.
“Ari Tami geus pangkat naon ayeuna? Nyangking jabatan naon?” kuring nanya ka Utami.
“Letkol. Instruktur taruna, Roh.” Béda ari tentara mah, jawaban Tami pararondok matak horéam nanya deui.
“Tuh pan…” Kuring ngarahuh bari teu sadar ngaragap éwateun dina pipi ku ramo nu kasap jaba sasanggaleun. Rét kana keuneung, bréh rorombéheun nyalulikat nu beuki lila beulahna beuki jero bakat ku euweuh waktu pikeun ngurus diri sorangan. Rék kumaha geuy atuh, karék gé ngulaskeun lotion pembersih kana tarang, pipi, jeung gado geus ngagéréwék mantén si Bungsu hayang dipangninyuhkeun susu. Boro-boro manicure pedicure, karék gé rék mersihan kuku nu harideung balas ngosokan bujur katél geus gorowok mantén si cikal ménta dibaturan nyieun PR.
“Ih, kunaon sih? Kalahka ngangluh kitu?” Penny mimiti keuheul ku kalakuan kuring.
“Enya, Roh. Piraku moal miluan deui? Taun ieu reuni pérak. Geus 25 taun urang téh papisah. Can sakali-kali acan manéh mah miluan. Mani euweuh kawaas pisan!” cék Oky ngomongna norostos abong urut humas di OSIS baheula.
“Kieu, uing mah lain teu hayang papanggih jeung urut babaturan sakola nu geus puluhan taun teu panggih. Tapi, sok horéam ruang-riung téh. Lain nanaon, teu boga agulkeuneun,” cék kuring balaka. Da jeung enyana ngomong kitu téh. Mun nyanghareupan ondangan reuni téh sok seunggah jeung matak jadi pikiran, Kira-kira engké naon nu bakal diomongkeun mun aya nu nanyakeun kaayaan hirup kuring? Pagawéan ti isuk bentuk nepi ka sore jedér euweuh anggeusna jaba teu meunang gajih estuning kudu ikhlas lillahi ta’ala. Nu diurus ngan ukur kasur, dapur jeung sumur, puguh ari ngaping barudak mah geus jadi kawajiban.
“Ari itu poto budak Eroh?” cék Penny bari nuduhkeu ka poto si Cikal nu ngagantung dina témbok. Sihoréng bari ngobrol téh panonna mah ngulincer niténan kaayaan rohangan tamu.
“Enya, éta téh Yeni. Ah dasar budak, ti leuleutik geus resep ngocoblak bari pepeta dina luhur méja. Nya ku uing téh dijeujeuhkeun sina miluan rupa-rupaning pasanggiri. Kabeneran asup nominasi kaopat lomba santri cilik di salah sahiji tipi swasta,” jawab kuring rada éra, sieun bisi majarkeun agul.
“Eueluh, kutan Yeni Anggraini téh budak Eroh? Teu nyangka ih! Mani sok alus ari biantara téh norolang, perténgtang jaba sok dipapaés ku pantun basa Sunda sagala. Ngajina gé alus pisan. Ari nu nyieun naskah biantarana saha?” cék Penny tetelepék.
“Pinter ngajina mah turunan ti bapana, da kulawarga ajengan. Mun uing kabagéan nyieun naskahna. Saaya-aya wé materina gé ukur nyokot ti kahirupan urang sapopoé. Pokona mah geus ngawengku atikan, informasi jeung hiburan,” témbal kuring, euweuh maksud mamatahan.
“Hébaaat!” Tami ngacungkeun dua jempolna ka luhur. Kuring ukur kunyem. Éra, ngomongkeun materi biantara ka nu araya di hareupeun téh. Tiluanana lain bantrak-bantrakeun.
“Ké…ké… ari ieu piala kabéh nu Yeni?” Penny nanya bari niténan hiji-hiji piala nu ngabéngbréng dina luhur méja.
“Teu, nu dua ieu mah lain nu si Ceuceu, tapi nu adina. Masing leutik kénéh gé, tapi manéhna geus boga tékad embung kaéléhkeun ku lanceukna,” témbal kuring bari ngahéhéh, kacipta omongan si Bungsu bari ticadél-cadél baé.
“Aéh, inget basa kuring keur kakandungan ku si Bungsu, Amalia. Bari bubureuyeungan nganteur lanceukna ngilu lomba santri cilik ka Jakarta, balik peuting balik peuting baé atawa kudu ngéndong pisan di ditu. Nepi ka bulan alaeunana, lanceukna omat-omatan mun pareng lahir, sagala rupana bakal dibiayaan ku manéhna. Ari pék enya baé, nepi ka brolna ka alam dunya teu saeutik-eutik acan mikiran kumaha kudu mayar ka rumah sakit. Ayeuna si Ceuceu mani nyaaheun pisan ka adina. Alhamdulillah,” cék kuring ngawawaas.
Ngadéngé kitu, Penny ngarénghap jéro paromanna semu reueuk. Kuring gé surti. Penny pasti sedih lamun nyaritakeun sual barudak, da nepi ka ayeuna can diparengkeun ku Gusti Allah boga turunan, padahal kawinna ngan ukur géséh dua bulan jeung kuring.
“Ky, ari keur digawé barudak diasuh ku saha?” kuring nanya ka Oky nu keur ngahuleng.
“Ti saprak Mamih pupus, kapaksa barudak ditinggalkeun jeung réncang. Sakapeung mah sok ngarambek, da uing remen ngalembur atawa indit ka luar kota maturan bos. Hayang uing gé eureun gawé ciga Eroh. Tapi geuning hirup téh beuki dieu asa beuki beurat, komo hahargaan mah undak baé ningan?” cek Oky ngangluh. Kuring ukur imut, ngamaklum. Ari inget ka dinyana mah enya pisan, tapi nepi ka iraha jelema rék ngarasa cukup?
Ujug-ujug aya si Bungsu norojol ti rohangan tengah, haruhah haréhoh bari ngasongkeun telepun keupeul.
“Mah, aya sms ti Ceuceu, enggal waler! Tos badé breng cenah!” cvk Amalia. Kuring nampanan éta hapé bari tuluy ngetik gancang nepi ka aya sababaraha kecap nu salah. Nya, kapaksa dibalikan deui. Ngetik deui. Tapi tungtungna mah, sent.
“Kunaon Roh, mani siga nu rusuh kitu ngetik téh?” cek Tami niténan kalakuan kuring.
“Ieu si Ceuceu ménta dunga, rék méntas ka hareup dina acara pasanggiri biantara rumaja dina basa Jepang ngawakilan Indonesia di Tokyo,” témbal kuring bari asa napak asa henteu, bakat ku geumpeur jadi teu puguh rarasaan.
“Euleuh? Geuningan? Teu nyangka mani hebring barudak Eroh téh nya?!” cek Oky siga nu reueuseun. Penny gogodeg. Kuring ngaheneng, inget ka nu rék manggung di nagri deungeun. Duh Gusti, mugia kersa maparin sagala kalancaran ka pun anak, Yeni Anggraini.
“Jadi milu reuni nya? Teu kudu éra, pan aya agulkeuneun, barudak Eroh nu boga prestasi nyongcolang. Éta gé pan tina hasil atikan nu jadi indung bapana,” cék Utami ngamimitian deui nyarita. Kuring ngabetem, tapi ngadéngé omongannana asa gedé haté.
"Da aku mah apa atuh... " jawab kuring bari ngadelék, ngaheureuyan Oky jeung Penny. Puguh, duanana nyalampeurkeun tuluy ngélékéték, nyiwitan jeung ngagebugan ku rasa nyaah. Siga jaman keur SMA baheula.
***
0 Komentar