Ku Dian Wulan
Samulangna ti dokter pabeubeurang cara ayeuna, awak téh sok karasa lungsé. Mungguh umur geus sakieu kakolotanana.
Ngahaja diuk heula dina korsi rohang tamu bari nyanghareup kana jandéla nu ngahaja dibuka. Biasana mah mun muka jandéla téh panon dibébénjokeun ku téténjoan nu aréndah di pipir imah. Kekembangan pelak barudak. Ngan ayeuna mah teu kitu. Kekembangan téh keur maluguran. Sakumaha muguranana harepan-harepan ka Ismi, anak kuring nu panengah.
Geus béda rarasaan ti mimiti panggih jeung éta budak lalaki téh. Budak lalaki kawawuhan Ismi. Asa aya nu disamunikeun ku manéhna. Sikepna teu wajar. Bageurna rada kaleuleuwihi. Katénjo ukur jijieunan. Embung boga sangkaan kitu téh sabenerna mah, ngan teuing ku naon da haté bet béda rarasaan. Teuing pirasat nu jadi indung meureun. Ngan Ismi, bet kapéngpéongan ku éta budak lalaki téh.
Ayeuna kabuktian. Lain meunang kasenangan Ismi mah sanggeus laki-rabi jeung éta budak lalaki téh, kalah ka meunang katunggaraan. Lain kaéndahan nu marengan sanggeus dirapalan téh, kalah ka nyanding jeung katugenah. Kembang-kembang kaéndahan nu sakuduna mapaés kahirupan teu kungsi ligar. Jajauheun kana seungit ngadalingding mah, komo maké nyambuang ka sakuliah tempat. Lir kembang muguran lain wayah.
“Badé ditampi baé, Mah, lamaranana,” ceuk Ismi dina hiji poé. Dua minggu saméméh pruk kawin harita téh.
“Tos panceg kitu, Is?” témbal téh bari mencrong beungeutna. Hayang néangan kayakinan dina haténa ngaliwatan hihideung panonna.
“Moal diémut deui? Pan teu acan panceg sasasih kenalna gé, nembé dua kali pendak deuih. Teu acan wanoh ka kulawargana. Kitu ogé kulawargana teu acan kantos nepangan Mamah,” pok téh deui, manghariwangkeun ka nu jadi anak.
“Atos cop da, Mah. Tos papada bogoh,” pokna podok. Teu méré katerangan panjang lébar.
Katerangan nu dipiharep, nu bisa ngareugreugkeun kana haté. Sasat taya geusan pakumaha.
Ukur ngahuleng. Neuteup beungeutna. Asa teu percaya kana omonganana. Kacangcaya nu nyangkaruk dina haté beuki ngandelan. Lain ukur sieun budak lalaki téh teu bener, tapi ogé sieun ieu téh ngan jijieunan Ismi wungkul keur ngabeberah haté kuring, pédah Si Bungsu, adi awéwéna, geus kawin. Ogé babaturan saangkatan kuliahna mah geus karawin.
Mun ngukur kana dedeg pangadegna mah mémang pantes Ismi langsung cop ogé, da budak lalaki téh salian ti kasép ogé gagah. Pakulitan hideung santen. Pangawakan jangkung, dedeg sambada. Cenah gawéna ogé geus genah, pangasilanna leuwih ti cukup. Geus merenah pikeun ngambah sagara rumah tangga. Ngan keukeuh dina haté aya rasa cangcaya, teu beunang disisilihan.
“Sami, Mah, Tétéh gé kirang sreg ka réréncangan Ismi téh. Duka ku naon,” ceuk Si Cikal, lanceuk Ismi, basa dipénta kamandangna.
“Atuh ajak ngobrol Ismina ku Tétéh, da ku Mamah mah tos hésé dionggét-onggét deui,” pok téh ménta bongbolonganana.
“Kantos éta gé, Mah. Malih sateuacan nyarios ka Mamah pan ngobrol heula sareng Tétéh. Tapi da kitu, komo ayeuna mah linghas Ismi téh,” témbalna bangun putus harepan.
Basa rék pruk kawin gé kahariwang téh angger teu daék leungit. Teu panuju kana pilihan budak. Ngan Ismi beuki neugtreug, ngayakinkeun kuring sakulawarga sangkan nyatujuan. Lila-lila mah léah ogé. Ngagugu kana pilihan nu jadi anak. Sakumaha kahayangna. Najan ayeuna nu jadi kembang kamelang téh kabuktian, teu jauh tina sangkaan.
Tapi moal hadé ayeuna mah ilubiung jero teuing kana rumah tanggana. Masing ceuli asa rawing ku mangpirang dédéngéan nu matak rujad kana haté, tapi nu jadi indung mah ukur bisa nyérangkeun ti kajauhan. Lain embung pipilueun kana masalahna, tapi palaur tumibana mingkin ngarobéda kana kahirupan Ismi. Ngadoakeun mah tara kaliwat, salawasna nganteng ti kaanggangan. Atawa méré kamandang bisi Ismi keur poékeun haté. Ngingetan sangkan tong kalalanjoanan guyang dina kapeurih batin. Ukur bisa kitu. Teu bisa kukumaha deui, teu bisa leuwih ti kitu.
“Mah, tadi Tétéh ka bumi Ismi. Hawatos katingalna. Siga nu tos nangis deui. Kawasna tos paséa sareng carogéna,” ceuk Si Cikal dina hiji poé.
“Paséa ku naon? Pédah teu uih deui?”
“Duka, Mah. Ditaros ogé teu ngawalér.”
“Ké ku Mamah urang cobian taros. Sugan ngawaler,” pok téh ngareugreugkeun haténa, ogé haté kuring.
“Paling gé nyariosna mah tidagor atanapi geubis. Kawas basa mangkukna,” lanceukna bangun nu manggeregetkeun.
Mindeng meunang béja ti dulur-dulur nu lian; ti bibina, ti emangna, ti babaturan Ismi, yén manggihan salaki Ismi keur babarengan jeung awéwé séjén. Iber ti bibina kungsi ningali salaki Ismi ka luar ti hotél, ngaléng awéwé. Béja deui ti babaturan Ismi, kungsi pasanggrok di parapatan Alun-alun peuting-peuting, salaki Ismi keur nyupiran mobil sédan teuing nu saha, bari ditangkeup ku awéwé geulis. Béja ti ditu ti dieu pating suliwer. Geus puguh ari kapanggih mabok mah, geus teu kudu dicaturkeun deui. Teu di imah teu di luar, geus jadi pagawéan matuh. Kituna téh ti anyaran kawin kénéh. Lain saurang dua urang nu ngaromong téh. Si Bungsu ogé kungsi nangénan. Ngan tara geruh ka Ismi mah.
Éta hal jadi nu siksaan batin pikeun kuring beurang jeung peuting. Geus matuh sabulan sakali mah kudu wé pulang anting ka dokter. Sirah mindeng karasa lieur. Awak tingsariak, panas tiris. Geus puguh haté mah teu weléh marudah. Teu bisa dipapalérkeun pikiran téh. Mun seug aya kénéh bapana mah meureun aya batur pakumaha. Karunya ku nasib nu jadi anak, kajeun meunangkeun lalaki teu kabeneran pisan. Béda jeung lanceukna atawa jeung Si Bungsu mah. Nyasat disarenangkeun lahir batin ku salakina téh.
Karunya ku Ismi nu meunangkeun lalaki goréng adat. Sanajan can kungsi kapanggih neunggeul, tapi teu burung sok kaciri urut geuneuk dina pipina. Lain éta wungkul. Sok kapireng omonganana nu sugal garihal. Sangkilang di hareupeun nu jadi indungna gé angger wani, kumaha mun di satukangeun. Kawasna sahaok kadua gaplok téh lain bohong. Diélingan mah diélingan, ngan asup ceuli katuhu ka luar ti ceuli kénca pantesna téh.
Ti barang pruk kawin tepi ka boga budak haré-haré baé ka budak téh. Can kungsi nénjo manéhna mamangku budak, atawa mawa ulin gogonjakan. Kilangbara jalan-jalan cara batur mah. Lian ti éta, nu néangan pangupa jiwa téh éstuning Ismi. Lalakina mah pangangguran. Anu cenah geus boga pakasaban nu matuh téh taya buktina. Hirupna geus mapan téh teu kabuktian. Nyatana mah ngandelkeun kulawarga. Ismi nu tihothat néangan gawé ka ditu ka dieu.
“Tétéh mah yakin, Ismi téh terang kumaha kalakuan nu janten carogéna di luar,” ceuk lanceukna, basa tiluan ngariung di imah.
“Tiasa janten kitu, Téh. Moal mungkin dugi ka teu terangeun mah,” témbal Si Bungsu ngéngklokan.
“Naha teu nyuhunkeun pirak waé atuh, Mah, Ismi téh. Pan tos kantenan carogéna kitu peta. Ngalelebar awak sorangan,” ceuk lanceukna deui mangkeuheulkeun.
“Tos wios, tong didesek teuing. Karunya ka Ismi,” pok téh ngabeberah. Dalah sarua hal éta nu jadi bangbaluh dina haté salila ieu.
Sok teu kaharti éta gé, naha Ismi téh teu ménta enggeusan waé. Naon deui nu dipiharep ti éta lalaki. Kungsi basa Ismi nganjang ka imah sosoranganan, harita ditanya ngeunaan pipisahan jeung salakina. Ngan kitu némbalanana téh matak hémeng. Matak teu asup akal pikeun kuring mah.
“Ismi mah moal nyuhunkeun pirak, Mah. Pan éta téh dibendu ku nu Maha Kawasa.”
“Naha Ismi teu hawatos kana waruga? Ka budak? Hawatos kana méntal budak. Komo unggal dinten ningal bapana kitu peta,” ceuk kuring bakating geus teu kuat ningali budak dikakaya.
Teu némbalan dikitukeun téh.
“Mamah mah moal miwarang pirak, da éta mah kedah niat ti duaan. Mung tiasa masihan kamandang wungkul,” pok téh deui. Cipanonna katémbong ngembeng. Geus kitu mah teu téga nénjo nu jadi anak téh. Tungtungna mah nyegruk. Rék neger-neger manéh ogé teu bisa, da batin miheulaan ngarakacak. Antukna budal kaluar mangrupa cimata nu teu bisa kaampeuh.
Angin ngadalingding asup ngaliwatan jandéla anu ngahaja dibuka. Geus aya sajamna diuk dina korsi téh. Teu karasa anteng ngumbar lamunan. Mapayan unggal lambar kahirupan budak nu panengah nu dipikatineung salila ieu.
Panto hareup sada aya nu ngetrok. Halon kadéngéna. Rada horéam rék cengkat téh. Daék teu daék maksakeun cengkat, mukakeun panto. Bray dibuka. Nu keur dilamunkeun ngajanteng hareupeun.
“Mah, Ismi badé nyuhunkeun pirak,” pokna dina lawang panto, nungtun Si Jalu. Katénjo dina pipina aya tapak héjo ngagempeng.
***
Bandung, Desember 2016
Panglawungan 13
[Sumber: Carpon di Fanpage Majalah Sunda Mangle]
0 Komentar