Carpon Émalia
Pasosoré geus ngajanteng di halteu, jangjian jeung Bu Julaéha disampeur di dinya.
Salaki ngawaskeun ti peuntaseun jalan bari udud jeung ngopi. Sakapeung ngaheureuyan awéwé marodis atawa abégé carumentil nu lalar-liwat hareupeunana. Saukur cengar-cengir mangsa kuring ngacungkeun peureup ka manéhna téh. Pikasebeleun!
Keur kitu, geleser aya BMW séri 7 warna silver ka hareupeun halteu, “Tid-tid!” ngelaksonan.
Power Window-na nyorolok. Bu Julaéha satukangeun stir ngagupayan, maké kacamata buleud gedé, méh nutupan beungeutna nu buleud. Disidik-sidik bet siga papatong. Satukangeun mobil, gandéng ku kelakson motor jeung mobil nu kahalangan. Puguh jalan heureut sapasna dua mobil papaliwat.
Gancang kuring muka panto mobil, karérét salaki keur anteng ngobrol jeung awéwé ngora nu maké pakéan sarwa pungsat. Geuleuh ah!
“Janten spésial yeuh arisan ayeuna mah nya, Bu Éma?” Bu Julaéha tumanya bari ngoper persenéleng. Panonna hideng ngawaskeun spion sajeroning nincak gas lalaunan.
Kuring unggeuk bari masang seat belt, “Rencanana sih sapertos kitu. Urang tingal heula wé réaksi ti ibu-ibu nu sanésna.”
“Satuju waé ibu mah. Bosen ogé arisan kitu-kitu terus. Lumayan wéh tamba teuing ngabungbuan gosip-gosip nu haraseum, hi hi!” cenah, ditungtungan ku nyikikik. “..., i can tell her my trouble, she makes them all seem right!” haleuangna Bu Julaéha nuturkeun lagu Lobo bari sakapeung ngarérét kana teks nu aya dina layar LCD dashboard mobilna. Asa hayang ngawewelan biwirna ku kaos kaki. Lagu sangeunah-ngeunah, diéngklokkan ku sorana nu persis ucing paséa, ngagejrét pisan. Hadeuh.
Mobil ngarayap kawas kéong nundutan di jalan Dago nu padedet. Sajam leuwih, mobil méngkol ka kénca. Blus ka jalan heureut sapaseun mobil nu kénca katuhuna patingjungkiring gedong warna-warni. Mapay jalan kira-kira dua ratus méteran.
“Mana, Bu Éma?”
“Tuh di payun. Tos katingal plangna palih kénca!” curuk hideng nuduhkeun kana hiji plang, FAMILY KARAOKÉ.
Mobil asup ka tempat parkir nu heureut, karungkup ku sakotak gedong karaoké tilu lantai. Reg eureun, basa kaca jandéla panto mobil diketrok ku hiji lalaki, hideung lestreng (tukang parkir ti Papua sigana mah). Kaca jandéla mobil diturunkeun saperluna.
“Langsung ke basemént aja, Bu!” ceuk tukang parkir téh, teugeug.
“Okey!” Bu Julaéha némbalan pondok. Teu éléh teugeug.
Karék gé kalaluar tina mobil, aya Toyota Rush bodas asup. Ngelaksonan, sajeroning mundurkeun mobil kana garis parkir.
“Bu Ocha,” ceuk Bu Julaéha ngadadahan.
Tina mobil éta, jrut turun ibu-ibu modis. Gamis kayas ngagayabag diadumaniskeun jeung hijab Pashmina, dress jeroan hideungna mapantes pisan jeung kulit beungeutna nu bodas hérang ku make up.
“Hallo,” cenah bari ngagabrug sono. Pangawakan Bu Ocha kaasup leutik, jauh mela-melu dibandingkeun jeung Bu Julaéha nu jangkung badag. Pas silihtangkeup, puguh karungkup pisan awakna. Kuring ngalieus miceun seuri. Ngasongkeun pipi, cipika-cipiki.
Di lobi ruang tunggu tempat karaokéan, kuring tiluan aranteng jeung gadgetna séwang-séwangan. Tapi ari ngobrol mah teu kahalangan balas ku mindeng tungkul kana hapé.
"Kasép nya! Ganteng pisan ih!" Bu Julaéha ngaharéwos, nuduhkeun ku rérétna. Haseup tina roko bodas nu dikenyotna nyerebung ngurilingan hijabna.
"Siiip!" cekéng téh, angger tungkul kana hapé mairan japri ti Bu Marfu'ah nu sasadu rada telat datang arisan.
"Babaturanana tuh gagah mah. Kumis ipis, godégna wadaw pisan déh! Waas jigana dilamot ku kumis modél kitu mah!" Bu Ocha nungkup biwir nyumputkeun cikikikna.
Panasaran ogé, kuring ngarérét ka nu keur digosipkeun. Enya waé, karasép. Ngan rada kerung saenggeus écés mah,
"Diasongan istri geulis tataranjang gé moal ngarérét-rérét acan nu duaan éta mah, Bu!" kuring mairan bari seuri.
"Naha?" Bu Julaéha jeung Bu Ocha melong méh bareng.
"Tuh!" kuring nuduhkeun ku irung.
Si Ganteng godégan nyarandé ogo kana taktak Si Kasép nu ngusapan pipi Si Ganteng.
"Whanjirrr! Najisss aing maaah!" Bu Ocha nyapertikeun nu keur olab. Duanana nyarumput di kolong méja, ngagikgik.
"Nu ganteng biasana kabogohna kasép!" cekéng téh nyengir. Tungkul deui. Aya WA asup. Ti salaki.
“Lami kénéh, Mah?”
Sapasang jempol hideng ngetik balesan.
“Teu acan kempel. Sabar nya, saying,” diémbohan ku émo 'mwach'.
"Ih, panyakit tarelat téh teu di saralakina waé nya," Bu Ocha kukulutus. Panonna mah mélétét ka Si Ganteng jeung Si Kasép nu keur silih-huapan pizza. Panasaran kénéh sigana.
"Di jaralan kénéh cenah, macét pisan!" Bu Julaéha nelek-nelek iphonena.
"Keun lah, acara santai ieuh," Bu Ocha anteng rarat-rérét ka sakurilingna. Resepeun sigana, katempo arang ulinna téh. Biasa ruang-riung arisan ti imah ka imah. Ayeuna ngayakeun acara arisan di tempat karaokéan.
Teu lila, mimiti jul-jol ibu-ibu pejabat téh. Galécok silih-bagéakeun, puguh tepungna ukur arisan hungkul.
"Punten nya Bu Éma, Sayangkuh. Puguh tos ngiring perjalanan dinas Si Papap ka Jogja, ieu gé garudas-garidus ti sajolna, hihi!" Ceuk Bu Marfu'ah bari cipika-cipiki.
"Teu sawios-wios, tong hilap wéh oléh-olehna," cekéng téh bari imut. Irung nyeuseup parfum Bvlgari Jasmin-na nu ngahiliwir kabawa hawa AC.
"Iyah atuh, Say. Ka rumah wéh nyah," cenah, nuluykeun cipika-cipikina ka ibu-ibu nu séjénna.
"Bu Éma udah booking ruanganana?" Bu Kristin tumanya.
"Siiip, VVIV large room, spésial, hususon untuk kitah have fun!" Ngacungkeun jempol, ngiceupan bari nyéréngéh.
Kuring gancang gugupay ka résépsionis.
"Masuk sekarang, Bu?" rengkuh.
"Iyah!" kuring unggeuk. Ngalieuk ka ibu-ibu nu keur balakacéprot.
"Ibu-ibu sadayana, mari kita kémon!" cekéng téh, satengah ngagorowok jeung kekeprok puguh house music ngagembrung bebeledugan siga di diskotik.
Grup arisan ngalabring nuturkeun résépsionis nu rék nuduhkeun rohangan.
"Di grup whatsapp, arisan ayeuna aya nu spésial. Naon téa, Bu Éma?" haréwos Bu Henky, CEO BUMD ngaléng. Bu Henky bisa jadi pangmodisna di rombongan kuring mah, awak jangkung leutik, buuk modél 'Pixie with Chocolate Brown strands' di highlight. Umurna ampir lima puluh taun, ngan kusabab hadé urus sasaha gé nyangkana mah tilu puluh lima taunan. Padahal geus boga incu dua. Conto nu sampurna produk kecantikan ti Singapur manéhna mah. Modis minimalis, anggun teu harurung-harérang siga ibu-ibu séjénna nu tinggalencring badis sales toko emas.
Saenyana, kuring nu pangorana mah, ngan angger wéh nyarebutna Bu Éma, sok sanajan réréana mah saumuran jeung indung kuring.
"Rahasia dooong," témbal kuring ngulinkeun halis.
"Anggota baru, you udah berani ngelunjak yah sama senior!" Jeletot nyiwit.
"Baru usulan inih mah. Kalau semuanyah sepakat, lanjut. Kalau engga mah, kita seperti biasa ajah, cuma sedikit ganti suasana. Étang-étang refresh lah, daripada di bumi deui di réstoran deui!"
"Sebel ih!" jariji laléncopna ngaragamang rék nyiwit deui, gancang kuring ngajauhan bari seuri.
Blus ka rohangan VVIV, "Wowww!" saur manuk. Jigana kataji ku rohangan nu siga diskotik pribadi. Sofa ALY Aloysius ngajéjér ngurilingan panggung leutik ngabentuk léter U, nyanghareupan papanggungan leutik jeung layar semi theatre. Ogé LCD dual screen, paragi operator ngoprék milih lagu. Satukangeun sofa, aya mini bar; erakna pinuh ku inuman. Di juru deukeut panto asup aya méja nu pinuh ku gelas-gelas eusi softdrink.
"Selamat menikmati pelayanan kami, Nyonya-Nyonya. Apabila ada trouble atau pesanan, silahkan memijit tombol mérah sebelah kanan layar operator," ceuk résépsionis nu nganteurkeun teu leupas tina imut.
Saditinggalkeun ku résépsionis, geus teu arasa-asa deui, ibu-ibu arisan cug-ceg kana botol inuman jeung gelas. Kana sofftdrink di méja di juru mah teu dirérét-rérét acan.
"Sok atuh Bu Éma, apa suprisenya buat kita-kita, ya ga Bu?" ceuk Bu Hénky ngasongkeun gelas wine nu langsung ditampanan. Diicip-icip saregot-saregot.
Jempol tingaracung bareng kirincingna geulang-geulang emas tandaning panuju.
Kuring ngarawél mik wireless, naék ka panggung, nu ngalobrol jempé, manco.
"Ibu-ibu sadayana, ayeuna waktosna ngajengkeun acara spésial téa, namung acara spésial ieu mung kedah sapanujuan nu kénging koclokan arisan ayeuna nya, satuju?"
"Tunggu dulu, Say. Spésial kumaha heula éta téh?" Bu Marfu'ah nyelengkeung.
Kuring unggut-unggutan, cekéng téh, "Okéh, gini aja. Acara spésial éta mung diharéwoskeun cuma ka pemenang. Beliau itulah nu berhak bilang iya atau menolak. Gimana?"
"Ahhh, sok lah, atur ajah. Kumaha Bu Éma wéh éta mah!" ceuk Bu Julaéha teu sabar.
“Janten satuju sadayana yeuh?” kuring ngurilingkeun paneuteup hayang ngayakinkeun, taya nu gideug. Ukur jempol deui tingaracung patarik-tarik kirincing.
"Mangga atuh Bu, koclok heula," kuring unggeuk ka Bu Ocha.
Kusiwel, Bu Ocha ngaluarkeun gelas plastik nu geus ditutupan kertas nu dibolongan saeutik jeung diiket karét geulang, alat tradisional arisan.
Keur ibu-ibu borjuis mah, meunang teu meunang arisan téh teu jadi pikiran. Padahal arisan lima puluh juta éta téh! Biasana mah hararé-haré teu paduli saha nu kaluar ngaranna tina koclokan, nu penting hépi bisa meriung, kitu pok-pokanana saban ngariung arisan. Ngan ayeuna katingali saregepna téh, teu sirikna ngabelél-belél panon nuturkeun guluntungan kertas di jero sedotan limun nu murag tina liang gelas.
Bu Marfu'ah nu kabagéan tugas, katempo rada ngeleper kabawakeun suasana. Nyidik-nyidik sacewir kertas nu dicapit ku jempol jeung curukna. Rénghaaap, narik napas panjang bangun nu handeueuleun.
"Nu kénging arisan ayeuna nyaéta Ibu..., Hénky!" cenah, satengah ngagorowok.
"Ahhh!" kadéngé séah nu harandeueul. Ngaralageday kana panyarandéan sofa.
"Bu Henky, mangga ka panggung," kuring ngagupayan.
"Jadi spésialnya ay kudu nyanyi di panggung ieu téh?" pokna Bu Hénky sura-seuri, ngalacat ka luhur panggung dibantuan ku kuring nu ngasongkeun leungeun. Puguh high heel modél bootna ngagokan.
"Ih, sanééés!" kuring metot awakna, ngaharéwos.
"Nyanyi Daun Pulus Késér Bojong, Bu Hénky!" Bu Nur nyeuleukeuteuk.
Sajeroning diharéwosan, Bu Hénky katempo riukna semu nu reuwaseun. Sakapeung molotot, nungkup biwir sangkan teu ngajerit.
"You becanda nih! Nakal kamu ya!" jeletot.
“Serius!” kuring unggeuk ngayakinkeun, bari ngusapan ciwitan kuku nu di-pédicure. Peureus.
Bu Hénky katempo kurang-kerung, rét ka ibu-ibu nu narungguan. Ari pokna téh, “Nyonya-nyonya yang terhormat..., hmmmph!” biwir ambucuyna kaburu ditungkup ku dampal leungeun kuring.
“Rahasia!” kuring seuri, terus ngomong ngaliwatan mik, “Ibu-ibu, kekuasaan ada di beliau. Beliau bilang setuju, artinya kita semua tidak boléh bilang tidak. Dan pertunjukan spésial pun akan hadir di hadapan kita semua. Tapi, saupami beliau inih tidak setuju, ya udah, kita nyanyi-nyanyi segila-gilanya ajah di sini!”
“Hayu lahhh, satujukeun wéééhhh!” Bu Julaéha ngajéréwét rada édég. Geus kapangaruhan alkohol sigana.
“Tapi, Say. Sawaréhna...,” Bu Hénky semu asa-asa kénéh.
“Meréka téh pada doyan alkohol, tuh tos ngararaco. Ditambihan rada ngaco sakedik mah, wajaaar. Ga setiap waktu inih,” kuring ngaharéwos, ngarayu.
“Ya udahlah!” pokna ngangkat halisna bari ngariutkeun irungna, mik nu keur dicekel direbut, “Hallow, Nyonya-Nyonya. Siap untuk pertunjukan?” cenah.
“Iyyyaaahhh. Sok atuh lah derrr!”
“Tapi kita tanggung bersama nih!” Bu Henky sieuneun katempuhan sorangan.
“Ho’ohhh!” koor.
“Kapan mulainya?” melong.
“Setelah mendapat tanda dari Yang Mulia,” cekéng téh bari nyium pipina nu lemes.
“Enya atuh sok!” Bu Henky ngangkat taktakna. Jrut turun tina panggung, diuk deui kana sofa bari nampa sagelas inuman ti Bu Nur.
“Are you réady?” kuring ngacungkeun dua jempol. Ibu-Ibu kaleprok teu salabar. Ceg kana hapé, mencét hiji nomer.
“Kumaha?” ceuk nu ditelepon.
“Showtime!” cekéng téh pondok.
Kuring turun tina panggung, nyampeurkeun kenop lampu. Diputer tina caang kana reyem-reyem, cklék kana lampu disko. Berengbeng deui kana LCD operator, milih lagu House Music nu langsung bebeledugan. Bareng jeung beledugna musik. Bray, panto rohangan karaoké aya nu muka ti luar. Geblus asup saurang lalaki, teu pati écés kasorot ku lampu disko nu reup bray. Nu katempo ukur awakna nu seseg berotot maké kaos saraket awak tur maké training olahraga.
Ku léngkah nu santai, éta lalaki naék kana panggung dituturkeun paneuteup teu ngarti ti nu séjénna, iwal ti Bu Henky nu geus diharéwosan. Manéhna ukur ngangkat taktakna bari nyengir ngariutkeun irung bangirna waktu diparelong ku saréréa. Pelong pindah kana kuring nu langsung ngagorowok, “Bagéan dari pertunjukan spésial! Selamat menikmati!” bari tuluy mencét lagu Pony ti Gunewine.
"If you're horny, let's do it. Ride it, my pony. My saddle's waiting. Come and jump on it...!”
Bareng jeung ngagembrungna lagu, éta lalaki méré hormat bari unggeuk sababaraha kali.
Sawaréh ibu-ibu rada rungah-ringeuh waktu éta lalaki mimiti dance, érotic dance!
“Wadowww!” siga nu dikomando, méh kabéh narutup biwirna bari molotot, basa lalaki nu keur dance téh mimiti muka bajuna. Awak stérekna teu tingberehil teuing siga binaragawan. Nu puguh mah berotot, dadana nu seseg boga bulu ngan teu réa. Six pack karesep karéréaan awéwé mimiti ditémbong-témbong. Awakna nari kalayan lentur jeung laleuleus pisan.
“Ohhh!” raéng. Ngaralieus api-api, waktu nu di luhur panggung lalaunan di sela-sela dance-na muka tali trainingna nu morosot lalaunan ku gerakan nu érotis. Nepi ka éta calana ngalumbuk ka handap. Taranjang.
Kuring yakin, ibu-ibu nu di rohangan ayeuna geus aya dina pangaruh alkohol. Sagala karisina tangtu geus leyur jeung pikiran teu paruguh. Dua puluh urang ibu-ibu nyarandé kana sofa nyobaan santai. Iwal Bu Henky nu sakali karérét meureupan gemes ka kuring nu ngahaja pindah tempat ka méja tempat gelas-gelas soft drink ayana. Lagu geus ganti kana ‘button’ laguna Pussycat Dools. Nu nge-dance beuki maceuh, nu ngalalajoan rénghap ranjug.
Kuring lalaunan nyokot sabungkus bubuk bodas, rata dipurulukkeun kana unggal gelas softdrink. Geus kitu gelas-gelas dipapaykeun ka ibu-ibu, “Buat mendinginkan suasana!” cekéng téh. Langsung tinglaleguk nepi ka korédasna. Réaksi ti bubuk bodas nu tadi dipurulukkeun mimiti némbongkeun hasiatna. Dua puluh ibu-ibu teu daraék cicing, sawaréh ngagodeg-godegkeun sirahna siga nu keur nyeri sirah. Katingali tingrarénghap ranjug. Tapi panon geus siga nu teu kiceup-kiceup nau keur dance saédanna.
Bari nyarandé kana tihang, kuring muka sabungkus mild, nyabut sabatang, cekrés korék gas. Diseuseup nikmat naker. Roko geus béak tilu batang, nu nge-dance geus ngoprot késang. Kuring malikeun deui lampu kana caang bari mareuman lampu disko. Laju ka LCD operator, mareuman lagu.
Kadéngé nu luh-lah semu handeueul.
Si Lalaki nu nge-dance kalayan santai maké deui calana training jeung bajuna.
“Terima kasih untuk perhatiannya dari ibu-ibu sekalian, saya diséwa hanya untuk short time oléh Bu Éma. Mohon maaf untuk segala kekurangan dari saya, senang rasanya bisa bekerja sama dengan anda. Saya mohon pamit, apabila menginginkan saya lagi, bisa menghubungi Ibu Éma yang tentu akan menyampaikannya kepada saya! Saya mohon pamit, selamat tinggal!” sanggeus ngadadahan. Si Lalaki éta téh unggeuk ka kuring bari imut bari terus ka luar.
Sok sanajan teu nyararita, kahandeueul mah katempo pisan ti Si Ibu-Ibu téh. Luh-lahna terus-terusan kadéngé, poho kana baju-bajuna nu geus karusut. Mun teu ngalieus api-api dongko, méh baé kuring ngabarakatak teu kuat ku hayang seuri. Sok komo Bu Henky nu bangun panasaran pisan. Meusmeus ngarérét ka kuring bangun aya nu hayang diomongkeun.
“Ibu-ibu sadayana, hapunten pisan. Abdi téh modalna Cuma mampu short time, nyungkeun bayaran per jamna mahal pisan. Kin lah, lain kali saupami sadayana setuju mah kita adain lagi. Gimana?”
Ukur arunggeuk. Sakitu gé geus cukup keur kuring mah.
“Dan untuk hadiah pemenang arisan, untuk Ibu Henky kin ku abdi di japri nomer dancer yang tadi! Saupami ibu nu sanésna palay ogé, japri wéh abdi nya!” cekéng téh kagok asong.
***
Balik ngahaja teu bareng jeung Bu Julaéha. Alesan mah geus pesen taksi online.
Leumpang ngahaja mandeurikeun manéh, sanggeus ngarasa yakin sakabéh ibu-ibu arisan baralik. Kakara kuring nyampeurkeun hiji mobil nu parkirna rada nyumput di juru basement.
Blak muka pantona, Si Lalaki dancer tadi keur anteng narima telepon satukangeun stir. Ukur ngarérét bari ngiceupan.
“Oké, Bu. Ditunggu aja ya. Segera meluncur ke sana!” pokna saméméh nutup telepon.
“Bu Héngky?” tanya kuring bari nyeungeut roko.
“Muhun! Wengi ayeuna kénéh diantosan di kamar hotél cenah!” témbalna bari ngusapan buuk kuring.
“Ari nu parungsat tadi ngobrol bari ngopi kumaha?” tanya kuring deui bari jebi.
“Ha ha ha, euweuh duitan éta mah ah!” pokna bari ngahurungkeun mobil, “Ngiring ka hotél?” tanyana sajeroning nyetir.
“Alim ah. Capé, jajapkeun heula wéh ka kontrakan!”
“Aéh enya, kadé tong hilap malem minggu énjing bagéan rombongan bos papah nya!”
Kuring ukur unggeuk. Meureumkeun panon. Nyipta-nyipta dance keur malem minggu engké.
Mobil nyemprung peuting éta. Nyemprung dina poékna kalakuan kuring duaan nu silihmanfaatkeun. Duka nepi ka iraha tungtung poék bisa nimu caang.
***
Karawang 2017
[Carpon Majalah Mangle/ Fb Mangle]
0 Komentar