Ku: Lugiena De
BASA pamajikan norojol, tuluy nanya deui naha kuring rék milu atawa moal ka ondangan kawinan Néna, sirah tuluy gigideug, bari panon angger manco kana layar léptop.
“Apan Ayah gé wawuh. Maenya moal ngiring?” pokna bari ngajengjen gigireun. “Tadina mah hoyong dibaturan. Da kedah ka toko heula milarian kado. Jaba mawa budak.”
“Kumaha tuda, poé ayeuna kudu marengan Pa Kadis rapat,” témbal téh.
Sakedapan manéhna teu nyarita nanaon. Tapi ku saliwatan gé katara beungeutna ngemu kahanjelu. Meureun anu diajamna mah indit ka ondangan téh hayang ngajak salaki. Kari-kari nu diajakna teu bisa.
Antukna leungeun pamajikan ku kuring ditarik. Gék didiukkeun dina lahunan bari ditangkeup. Sirah didedetkeun kana lebah hariguna. Kaangseu seungit parfum nyelengseng.
“Bisi naroskeun mah hampura wé kituh, keur seueur damel.”
“Mobil rék dicandak atuh, nya? Horéam turun unggahna kana umum mah. Sieun hujan, deuih.”
Kuring unggeuk bari seuri. Celengok biwirna dicium. Geus kitu mah manéhna ngoléséd. Léos kaluar ti rohangan gawé. Teu lila kadéngé panto garasi dibuka. Gerung sora mobil dikaluarkeun. Sanggeus garasi ditutup, dius mobil indit.
Ti sajigna pamajikan, meunang sawatara jongjonan kuring anteng neuteup ka luar, ka lebah panto gerbang urut bieu mobil indit. Leng ngalamun. Ana ras pangacian kumpul deui, tuluy ngarénghap panjang. Léptop dipareuman. Jung nangtung lalaunan, léos ka kamar, laju ganti baju ku dangdanan batik jeung calana panjang. Ti dinya tuluy mesen taksi. Heuleut sawatara menit mobil anu dipesen geus ngajugrug hareupeun imah. Réngsé kokonci panto, léos kuring gé indit.
Saenyana lain teu hayang nganteur pamajikan. Ngan dalah dikumaha tuda, waktuna mani mokprok pisan. Lain mokprok jeung pagawéan, tapi mokprok jeung … kawinan Mita. Heueuh atuh, mani kawas nu ngahaja meunang ngatur. Abong enya bulan Rayagung.
Ras inget basa tepung panungtung sabulan ka tukang. Aya kana sajamna Mita nyuuh dina lahunan. Kuring ukur wasa ngaheruk bari ngusapan sirahna. Harita, sakali deui kuring dipaksa kudu nyurahan hartining jodo, pati, bagja, cilaka sapuratina, anu majar geus diatur ti dituna. Tapi ari haté mah teu weléh ngagugat nganaha-naha.
Bari diuk tukangeun supir, haté tuluy nataran mangsa kaliwat. Bobogohan ti tingkat hiji mula, bet kudu pungkas ninggang duanana geus diwisuda. Kuring mah nepi ka ayeuna nyalahkeun kénéh kana sikep kulawargana anu teu sabaran, anu majar kuring mah lain lalaki dagoaneun. Nya ti harita kuring teu dibéré budi deui ku kulawargana. Kapaksa kudu surti, lalaunan ngoléséd ninggalkeun manéhna, bari mawa raheut gudawang.
Heuleut sawatara bulan, aya béja manéhna rék tulus kawin. Ukur samet dipileuleuyankeun ku haté nu nyanyautan. Untungna rada kaupahan ku pengumuman hasil tés CPNS. Nya teu burung werat kénéh ngawilujengkeun. Kitu deui manéhna, milu ngawilujengkeun lantaran kuring geus katarima jadi abdi nagara.
Teu lila ti sanggeusna pengumuman, kuring milu pembekalan di pendopo kabupatén. Nya di dinya kuring tepung jeung Tanti. Tina tadina diuk pagigir-gigir, silih tanya, antukna pakait pikir. Teu kungsi lila bobogohan jeung manéhna mah. Sabada paheut pasini, saméméh miang pra jabatan ka Bandung, pruk baé ka balé nyungcung. Rumah tangga jeung manéhna. Babarengan bajoang ngarintis kahirupan ti handap mula, tug ka kabedag nyicil imah, nyicil mobil.
Teu sakara-kara. Peun baé dianggap réngsé nepi ka dinya. Meunang saheulaanan Mita rada kapopohokeun. Atuh ka pamajikan ogé perkara éta teu kungsi dibruk-brakkeun.
Ngan lila ti lila, bet asa jempling, euweuh ondangan euweuh iber nanaon. Panasaran, tuluy disalusur ka babaturan sakelasna. Béja anu katarima mutuh matak hareugeueun.
“Naon da teu jadi kawinna ogé. Karunya, katipu siah! Lalakina geus reuay anak!” omong si Popi dina telepon.
“Terus ayeuna kumaha?”
“Nya nge-down. Komo basa apaleun didinya kawin mah. Heueuh atuh, coba mun tiheula téh jadi ka didinya.”
Poé isukna, kuring tuluy lah-lahan nginbuk kana Facebook-na. Pondok baé ungkara téh. Tibang ngabeberah, sangkan ulah hantem-hanteman katalikung ku rasa kaduhung.
Harita ceuk ingetan téh asa moal nepi ka kapapanjangan. Ari pék manéhna ngabalesan mani ngagebay. Antukna ti dinya mah benang batin bihari tuluy nganteng deui, lir nu ngajak ditumbu diayuman. Jeung manéhna remen silih cacapkeun rasa, boh ngaliwatan média sosial boh jangjian patepung di luar. Tug ka aya taunna, nepi ka kuring boga budak hiji, nepi ka manéhna boga beubeureuh deui.
Saenyana, boh kuring boh Mita, kungsi pada-pada surti rék silih ihlaskeun. Puguh da apanan antara kuring jeung manéhna geus lain-lainna deui. Katurug-turug kuring sorangan geus kabeungkeut ku tali pertikahan. Tapi tétéla rék kitu téh teu babari. Da buktina, boh ku kuring boh manéhna, taya nu ieuh nyieun anggang. Malah sakapeung ari keur kalepasan, sok nyipta-nyipta bisa nyandingkeun Mita. Kumaha lamun manéhna kabiruyungan jadi pamajikan kuring. Bari surti yén éta lalamunan téh pamohalan laksana. Tibang impénan riwan balukar haté nu kabungbulengan
Enya, pamohalan laksana. Da apan tulusna mah jeung nu séjén manéhna réndéngan téh. Poé ayeuna. Ondanganana geus katampa ti saminggu ka tukang. Ngahaja ku manéhna dikirimkeunana ka kantor. Basa dibuka, ukur dibaca saliwatan. Balaka wé, kuring sorangan asa teu luas neuteup lila-lila. Mana komo di jerona aya poto pra wéding manéhna, keur diboncéng dina sapédah. Ti dinya mah surat ondangan teu kungsi dibuka deui. Bakal kumaha engké kuring di tempat hajatan kawinanana? Duka. Ngan mun téa mah kanceuh deuih, mugia baé sing kuat nandanganana.
Inget jaman keur bobogohan, manéhna kungsi hayang geulang anu digagantélan japati sajodo. Teu kabeuli. Duit ti mendi. Keur meuli karcis bioskop jeung jajan emih di sisi jalan gé kurat-karét. Ras ka dinya, balik ti kantor nyimpang heula ka toko perhiasan. Bet kabeneran nyampak. Créng wé dibeuli. Ayeuna éta kado perhiasan téh keur dikeukeuweuk. Sakeudeung deui bakal dibikeun ka manéhna. Saupama engké kado dibuka, muga-muga apaleun saha nu méréna.
***
TINA anteng teuing ngalamun, teu kanyahoan mobil geus nepi ka tempat résépsi. Sanggeus mayar ongkos, jrut turun. Lebah pager ayu nandatangan buku tamu bari mikeun kado. Ti dinya, najan suku asa beurat, sup kuring ka jero gedung. Bréh manéhna dina panggung, keur nangtung nyorangan. Meureunan kakara réngsé dangdan. Ari pangantén lalakina nyao keur ka mana.
Diteuteup salila-lila, asa pangling nakeranan. Pangaruh tina riasan kawasna. Padahal mah cik atuh ulah kandel-kandel teuing ngawedakan téh. Asa mending kénéh sina natural, saayana. Kuring mah hayang neuteup téh beungeut manéhna anu sasari, anu sok katempo mangsa pajonghok. Ari ieu bet asa lain manéhna.
Enya, ukur asa. Da basa kabeneran paadu teuteup, manéhna malik mencrong. Kuring di handap, manéhna di luhur. Sajongjonan ngadon silih pelongkeun. Tug ka lila-lila mah nu nyanyautan rosa deui karasa. Tungtungna gék diuk dina korsi. Awak asa lungsé. Teu, teu wani nyampeurkeun najan di dinya manéhna ngan sorangan. Teu wasa. Jeung sieun tuluy teu kawawa.
Tapi geuningan sabot diperhatikeun, manéhna mah bangun teu kua-kieu. Anteng baé sasalaman. Malah maké umat-imut sagala. Geus pohoeun kitu? Atawa saukur mindingan wungkul? Duka teuing. Tapi nya muga-muga wé poé ayeuna manéhna enya-enya gumbira.
Kuring tuluy ngarénghap panjang. Anu nyelek na tikoro satékah polah diperuhkeun. Manéhna tuluy melongkeun deui.
Hampura, Mita, kuring mah moal nyampeurkeun. Cukup ku nyérangkeun ti dieu wé, ti kajauhan. Lain teu hayang sasalaman ngawilujengkeun. Tapi asa leuwih hadé mun kabagja anjeun poé ayeuna teu diharu biru. Jeung deuih kuring mah hayang neuteup anjeun panungtungan téh dina kaayaan suka seuri. Lain dina kaayaan ceurik balilihan, mana komo paungku-ungku kawas kamari.
Waktu rék saléos-léoseun pisan, ronghéap pangantén lalakina datang ka luhur. Barang bréh kana rurupaanana, kuring tuluy kerung. Naha da asa lain ieu. Teu talangké leungeun ngodok tas. Surat ondangan dicokot. Tuluy beungeut lalakina dibandingkeun bari disidik-sidik. Enya, lain! Ké …, kumaha ieu téh? Sirah tuluy luak-lieuk. Bréh dina stéropom ngaran pangantén: Muhammad Sabiq Pinuji & Meutia Syahréna Zéin. Teu wawuh! Rét deui kana surat ondangan. Gebeg! Anjir, aing salah alamat! Kuduna ka rumah makan Sukasari 2, ari ieu kalah los-los ka rumah makan Sukasari 1!
Dadak sakala punduk asa aya nu meupeuh. Luk tungkul bari nyakaran sirah. Enyaan ayeuna mah awak lungsé téh. Ngan lain alatan sedih, tapi alatan ku kabelegugan sorangan. Asa jadi jalma pangeusleumna saalam dunya. Naha bet kabina-bina teuing kaliru téh?! Sukasari 2 mah perenahna di tungtung wétan, deukeut batas kota, ngadegna anyar kénéh. Ari Sukasari 1 di kulon, di tengah kota.
Meunang sakedapan mah kuring ngaweweléh diri sorangan. Heueuh, koplok aing téh! Padahal naon héséna dibaca heula sing telik. Mun perlu dicatet. Ayeuna geus karuhan kieu, nya rék kumaha? Dijugjug ka ditu gé geus moal kaburu. Geus beurang teuing. Jaba kado geus kagok dibikeun. Maenya rék dicokot deui. Meureun teu beuki bareureum beungeut mah.
Leng ngahuleng. Enya atuh, balik wé. Da rék naon ngajedog di dieu gé.
Koréjat cengkat ….
“Geuning Ayah aya di dieu?”
Ana dilieuk … pamajikan! Kasampak keur nangtung bari nungtun budak. Kuring calangap.
“Sanésna aya rapat?” pokna deui.
Sakedapan mah baham ngonci. Pangacian teuing kalabur ka mendi.
“Eu … eu … bolay!” kuring satékah polah némbalan.
Pamajikan ngajanteng kénéh bari kerung. Teu nyangka kawasna, kuring bakal aya di dinya.
“Kana naon ka dieu?”
“U … mum!”
“Tos sasalaman teu acan?”
Kuring gigideug.
“Hayu atuh. Siang teuing,” cenah pondok. Léos manéhna indit. Kuring ngiclik tukangeunana, badis munding diténdok.
Basa geus deukeut jeung pangantén, enya sidik ayeuna mah: Néna!
“Kalah hulang-huleng sorangan ari si Aa. Lain ka dieu wé tadi téh,” pokna basa sasalaman.
“Ngantosan Tanti, Na. Wilujeng nya!” témbal téh.
Balik ti ondangan, dina mobil, pamajikan teu lémék saeutik-eutik acan. Tayohna hémengeun kénéh. Jeung nyeueung sorot panonna kawas nu curiga. Bangun panasaran, naha apal ti mana kuring yén tempat kawinan Néna téh di dinya? Bubuhan ondanganana ogé kuring mah teu kungsi nempo-nempo acan.
Anjog ka imah, kuring jeung Tanti angger pabetem-betem. Manéhna bangun nu héran kénéh. Atuh kuring ogé asa teu percaya kana kajadian ahéng cikénéh. Bari ngalangeu di hareup, deui-deui kuring ngaji hartining jodo, pati, bagja, cilaka, anu najan ayeuna mah asa teu sapira, tapi éstuning matak hélok kacida: niat rék ka ondangan popotongan, bet kalah sasab ka ondangan babaturan pamajikan.
Sabot keur ngalamun, hapé ngageter. Bréh aya pesen asup. Ti Mita. Euweuh téksan, ukur émotikon ceurik. Tapi kuring surti naon maksudna.
Teu dijawab.
Nepi ka peutingna, jeung pamajikan angger teu patanya. Ngan ku kitu téh bet asa katempo béda ti sasarina. Asa nempo manéhna baheula waktu mimiti diajak wawanohan. Acining lalaki kuring tuluy nguniang deui. Basa keur kukumbah wadah, manéhna ditangkeup. Lalaunan biwir nyasaran punduk jeung ceulina. Manéhna cicing, teu usik teu malik. Tapi lila-lila mah antukna milu palid. Regeyeng dipangku, tuluy dibawa ka kamar.
Di kamar, kuring ngabedahkeun sakur nu ngagelek dina dada, tug ka korédas taya nu nyésa.
“Sugan téh tadi siang moal sumping,” cenah sabot nangkeup kana beuteung.
“Karunya ka Ambu, bisi teu aya nu maturan.”
“Naha atuh mani teu ngawartosan heula?”
“Ngahaja, surprise.”
“Emmm … teu percaya,” pokna bari ngarungkupkeun kertas kana beungeut. Kaangseu seungit meleber. Barang ditempo, tétéla … surat ondangan!***
Lugiena De, guru basa Sunda di SMPN Satu Atap Tamansari, Sumedang. Bukuna anu geus medal kumpulan carpon Jeruk jeung novél Layung Ngempur di Kampus Bungur. Nulis carpon dina rupa-rupa média. Dua kali kasinugrahan hadiah sastra LBSS. Ayeuna ngokolakeun pamedalan Silantang jeung wéb basa Sunda cacandran.com. Matuh di Selaawi, Garut.
0 Komentar