Ku: Toni Lesmana
SORA mobil ngagerung. Digerung-gerung. Haseup knalpotna nyerebung hideung. Kol bak pulas kulawu, mobil butut nu laju eureun hareupeun lapak rongsok peuntaseun lapang. Jrut Mang Otong, lalaki nu nyupiran mobil, turun bari meundeutkeun panto mobil. Panto nu horèng tèh teu daèk waè rèkèp, muka deui, muka deui. Antukna sataker kebek dijablogkeun. Gebrug. Mobil butut kotka eundeur saawak-awakna. Karèk panto tèh daèk rèkèp.
“Can dinanaon? Gawè naon sapeupeuting? Dipelong? Silaing mah kalah ngahuleng! Ngelèm deui nya? Gawèan! Sakeudeung deui iang ka pabrik.” Mang Otong jol ngagantawang barang nènjo Ari, pagawèna, nu keur cindekul wè hareupeun hunyudan buku jeung tumpukan di juru lapak nu kaiuhan terepal. Kalèng elèm pabalatak.
Ari tanggah, teuteupna ceuleuyeu mapag nu ngaronghèap. Panon jèèr. Pamuluna bangun anu bingung. Tina dèdèganana mah moal jauh ti umur 15 taunan, meujeuhna namatkeun SMP lamun sakola mah. Buukna sataktak, mèh gimbal. Baju jeung calana nu napel na awakna, lagedu kacida.
“Mang, karunya.” Ceuk Ari bari ngusapan buku nu ngahunyud. Dipilihan, kalah dièntèp-èntèp.
Mang Otong nu rèk sajungjungeun pisan manggul beungkeutan kardus, rèk dipuatkeun kana bak mobil, jol ngarengkog tuluy mencrong seukeut kanu anteng ngagulanggapèr buku. Beungkeutan kardus diècagkeun deui mèmèh nepi punduk.
“Karunya?” Mang Otong mèh nyèrèntèng.
Ari mèpèd kana tumpukan karung eusi buku anu acan diudalan.
“Karunya ka buku? Teu karunya ka aing? Ngahunyud mah kalah ancur. Moal jadi duit! Duit!” Mang Otong nyèpak èntèpan bari ngaleyek hunyudan. Leungeunna rikat ngarawèl karung siraheun Ari. Bèrèwèk. Eusi karung diudulkeun sina ninggangan sirah Ari. Buku murudul, merekpek embun-embunan Ari.
“Nya atuh dijual tèh, dijual wè, Mang. Ulah dikudu disosoèk heula.” Ari nampanan nu raragragan kana sirahna. Ditangkeup.
“Silaing siga anu teu ngarti. Siga karèk sapoè dua poè mimilu ka dèwèk. Murah deuleu buku mah dikilona. Kudu disoèkkan jilidna mèh asupna keretas mun engkè dikilo. Karèk aya hargaan.” Mang Otong tuluy wè mukaan saban karung bari ngudulkeun eusina ngepung awak Ari.
“Tapi ieu mah meunangna ogè haratis, Mang. Pamèrè. Mamang pan teu kaluar modal. Murah ogè baè atuh da bati wungkul apan.” Ari cacarita bari tungkul.
“Deuleu ku silaing. Deuleu!” Mang Otong nyokot hiji buku. Diasongkeun hareupeun beungeut Ari. Bèrèwèk jilid hareup jeung tukang. Bes wè jilid kana karung kosong nu calangap peuntaseun awak ari. Buku nu geus bulucun disosoèk deui mulang jadi lambaran-lambaran keretas. Bus kana karung kosong lianna nu sarua calangap. Gap deui, kana buku nu sèjènna. Bangun hayang mupuas. Bèrèwèk deui hareupeun beungeut Ari. Meunang tilu balikan ngajejewèt buku, mèmèh ngojèngkang deui meungkeutan tuluy manggulan kardus, dièntèp dina bak mobil.
Ari rada kekerot nènjo kalakuan Mang Otong nu diponcongokkeun pisan. Kuniang, awakna muru karung nu tadi dibebesan jilid jeung buku tèa. Dicokot deui. Pèk jilidna ditapelkeun deui. Inget buku èta pisan, mangsa manèhna mimiti dibèrè injeum ku Pa Darpin.
Harita keur kukulunuan nèangan rongsok. Gok ka imah Pa Darpin, kasohor bandar sapi nu boga pajagalan di mamana, nyampak nu boga imah keur maca di tèras. Niatna mah rèk nanyakeun susuganan aya runtah piceuneun, bura-bari, meunang buruh ongkoh runtahna apan bisa dipilihan.
“Silaing bisa maca?” Pa Darpin jol nanya kitu. Muncereng.
Harita Ari unggeuk. Puguh resep ari ningali nu maca tèh, da kungsi apan diwowoy bacaan mangsa boga kènèh imah siga budak nu sèjèn.
“Cik baca!” Pa Darpin ngasongkeun buku nu keur dicekelna. Ngetès.
Ari nampanan. Novel. Pèk dibaca ku sora nu bedas. Keur sakola di SD mah apan Ari sok kapilih miluan lomba maca sajak jeung ngadongèng. Sababaraha kali malah jadi jawara. Malah basa kudu ngejat ti sakola ge apan keur tatahar jang lomba ka provinsi. Lapur da kaburu meunang panundung.
Karèk saparagraf nu panjang, Pa Darpin ngalegeday. Nincak sakaca. Tambah pogot katingalina. Pa Darpin mungguh siga anu kasima ku sora Ari. Wirahma jeung lentongna mirasa pisan dina saban ungkara nu dibaca. Pa Darpin unggut-unggutan bari meureumkeun panon.
“Pèk bawa balik. Tuluykeun baca di lapak. Mun geus tamat, pulangkeun. Kè ku dèwèk dibèrè deui injeum buku nu lianna.”
Harita Ari teu jadi nanyakeun runtah. Bakat ku atoh dibèrè injeum buku. Jadi inget jaman ulukutek di pabukon sakolana. Ras deui ka tumpukan buku di imahna baheula. Nya, ti harita, unggal bèrès pagawèan di lapak, peutingna ngadukduk maca, mèh isukna bisa mulangkeun tuluy dibèrè deui injeum. Mèh tara sarè, da hayang gancang tamat tèa. Antukna jadi kabiasaan maca gancang.
Kalan-kalan ku Ari sok digalantangkeun siga jaman keur sok miluan lomba, tamba tiiseun deuih, mèh manèhna ngarasa teu keueung teuing. Atuda nyorangan, jaba lapak mencil jauh ti mamana. Sakapeung Mang Otong sok milu sarè, tapi minggu kali. Jaba Ari sabenerna sangheuk diiluan sarè ku dununganana. Disarèan. Mending sorangan. Jongjon maca.
Nincak dua bulan. Poè ka genep puluh saprak dibèrè injeum buku mimiti, da kitu sok diitung, dituliskeun saban judul bukuna satukangeun almenak anu ngagantung dina bilik bèdèng pangsarèanana. Jol ka imah Pa Darpin tèh, nu boga imah rada bèda pamuluna. Ngahuleng wè di buruan. Teu nyekel buku. Biasana mah tara lèsot ti buku leungeunna tèh.
Pareng Ari ngasongkeun buku ogè, mulangkeun, teu ditampanan. Kalah mencrong. Panonna beureum semu tas ceurik. Najan kumis baplang gè angger wè teu bisa nyumputkeun ulat kasedih.
“Manèh lin resep maca? Jug, bawa buku dèwèk. Tapi kabèh, ulah disèsakeun. Dèwèk geus sangheuk ningalina. Asa ngajungjurigan. Inget ulah disèsakeun. Bawa kabèh.” Jol pok kitu wè. Tuluy nitah gagancangan mawa karung. Ari teu talangkè ngabelecet ka lapak. Milihan karung nu alus. Beretek deui ka imah Pa Darpin.
Tuluy diajak asup ka imah, malah ka kamar Pa Darpin pisan. Brèh, buku sakuriling kamar. Ngèntèp dina lomari. Ari hookeun. Lir nenjo harta karun. Tapi teu lila kituna tèh, sabab Pa Darpin nitah gura-giru mawa indit buku. Meunang sababaraha balikan, buku tèh teu bèak-bèak. Leuwih ti sapuluh karung. Ari bulak-balik manggulan karung eusi buku ka lapak.
“Pamajikan dèwèk kabur nuturkeun urut kabogohna, euy! Sakabèh buku ieu meulina bareng jeung manèhna. Keur manèhna. Da manèhna nu resep maca mah, dèwèk mah ukur kababawa, bakat ku hayang nunjukkeun rasa kanyaah ka manèhna. Naon nu manèhna resep dèwèk milu resep. Ayeuna buku ieu ngaririwaan ka dèwèk. Moal cageur nyeri hatè dèwèk satungtung dikepung ku panineungan. Lain nyeri ku ditinggalkeun dèwèk mah, tapi peurih sabada nyaho salila ieu tèh manèhna manahorèng ukur api-api nyaah ka dèwèk. Api-api. Kètang silaing mah bolon kènèh, moal ngarti kanyeri dèwèk.” Pa Darpin hantem norowèco sorangan bari ngajanteng, nyarandè kana kusèn panto kamarna, norowèco ka mamana salila Ari ngasup-ngasupkeun buku kana karung.
Ari api-api teu ngadèngè, anteng wè kana buku. Tapi lain hartina teu ngarti. Ngarti manèhna ogè urusan kapeurih mah. Surti. Malah asa kasuat-suat. Nya meureun moal bèda jeung pangalaman manèhna waktu diusir kadua indung. Diusir kunu jadi bapa. Pèdah bapana meunang bèja, cenah mah jeung buktina, yèn indungna tèh taun-taun salingkuh, malah salingkuhna ti samèmèh kawin. Lain kitu wungkul, atuh Ari sorangan ogè apan disebut budak salingkuhan indungna. Teu dianggap anak deui kunu jadi bapa.
Duaan ditundung. Ingkah teu mawa nanaon. Nyiruruk di imah dulur. Ingkah deui ngadon ngekost di wewengkon kumuh. Indungna nu kanyenyerian tuluy kagegeringan. Teu lila ti harita indungna anu keukeuh teu rumasa dituduh salingkuh, apan luluasan luncat tina luhur sasak, ngajleng ka walungan nepi ka tilarna.
Ari nu cuang-cieung taya pamuntangan, antukna indit nuturkeun indung suku, sakaparan-paran mapay-mapay jalan, kadungsang-dungsang ti hiji kota ka kota sèjènna. Bubulanan hirup di jalan. Sarè di alun-alun. Milu ngamèn. Ngelèm. Ngagalandang. Sababaraha kali jadi korban sodomi. Kitu mèmèh amprok tuluy diampihan ku Mang Otong.
Matak Ari milu ngarasakeun tur mangwatirkeun ngadèngè omongan Pa Darpin tèh.
“Tapi omat, silaing montong kadieu deui. Mun nempo silaing, dèwèk pasti ingat kana buku, inget ka pamajikan dèwèk!” Kitu ceuk Pa Darpin mangsa Ari manggul karung pamèakan.
Mimitina mah karung buku tèh numpuk kitu waè di bèdèng pangsarèan. Satuluyna dièntèp mèh rata bisa dipakè gogolèran. Atuh Ari sarèna ogè luhuren tumpukan karung èta, bari maca buku. Kasur buku, cek manèhna mah. Angger sapeuting sajudul, mun pareng manggih nu kandel sok nepi ka tilu peuting namatkeunana. Buku nu geus tamat dibaca sok dipisahkeun. Ngèntèp di juru bèdèng. Ditilaman urut bannèr. Eureun maca tèh mun pareng Mang Otong nguruyung milu sarè di bèdèng, teu bisa maca da kudu dilayanan satibrana.
Mang Otong gè tara ieuh baranggeureuh, samalah mah sok mènta dipangmacakeun mun keur gogolèran di bèdèng. Tapi, kamari, mangsa Ari mulang nguriling nèangan rongsok. Karung buku geus nyampak numpuk di juru lapak, sawarèh geus diudulan eusina, sina ngahunyud kitu waè.
“Isuk urang iangkeun sakalian. Lumayan sigana. Mungpung harga keretas keur alus. Tapi wewejèt heula, alaan jilidna.” Kitu pokna bari ngalèos. Tara tisasari. Keur butuheun duit sigana, cek hatè Ari harita.
Ari bati hereugeueun. Harta nu dipusti-pusti tèh geuningan nasibna teu beda jeung dirina, disasaak nasib. Padahal geus sabaraha poè manèhna tèh kukumpul papan urut. Geus diniatan hayang nyieun erak, nurutan Pa Darpin.
Tapi najan sakumaha nyaahna kanu jadi buku, teu bisa baha da apan puguh Mang Otong pisan anu geus nulungan hirupna, ngajait ti jalan. Mèrè tempat jang sarè, mèrè pagawèan, mèrè dahar jeung sagala pangbutuhna. Najan buku-buku èta kasebutna milik Ari, da Pa Darpin apan mèrèna ogè keur manèhna, tapi apan naon nu jadi milik Ari nya milik Mang Otong ogè. Aya dina pangawasa Mang Otong.
Mang Otong anu kiwari keur manggulan kardus, keur sèsèlèkèt kana tumpukan karung runtah plastik jeung gundukan korompongan. Mang Otong anu keur dipencrong ku panon Ari. Panon Ari nu ramisak, sabot leungeunna gumeleter ngamimitian nyoèkan jilid buku. Nyoèkan lambaran keretasna. Ari nu mindeng nahan rènghap, nahan nu nyelek, bangun ngarasakan kanyeri buku, tayohna mah puguh asa keur nyoyoèk dirina sorangan.
“Hampura, Pa Darpin! Hampura, Buku!” Harèwos Ari mèmèh leungeunna ngadadak jadi ngagancangan nyasaak saban buku. Aya sorot amarah kakeueum beueus cimata, sabot Ari ngadekul nyosoèk buku. Nyosoèk hatèna sorangan nu geus rawèk. Sakeudeung gè geus mèh meunang sakarung.
“Beres?” Mang Otong ngagorowok luhureun tumpukan kardus dina bak mobil. Ari tiban ngacungkun jempol. “Panggulan ka dieu! Karung jilidna mah ingkeun wè, moal pisabarahaeun!”
Ari manggulan karung meunang sabaraha iangan. Lungsè naker, teu jigrah siga keur manggulan karung ti imah Pa Darpin. Teu lila, muatan iangkeuneun ngagunung dina bak mobil butut. Mèh dèngdèk katènjona gè. Panungtungan Mang Otong nutupan muatan ku terepal. Jleng. Lung, lung ngalungkeun tambang kana luhureun nu ngagunung. Reketek-reketek wè metot tambang mèmèh pageuh ditalikeun kana kait parantina sapanjang awak bak mobil.
“Hayu, milu!” Mang Otong geus asup kana mobil.
Ari gogodeg.
“Nya heug ari mumul mah. Hampura dèwèk, euy!” kitu mèmèh laju ngagerung-gerung mobil. Rieug-rieug, muatan nu ngagunung ruag-rieug pareng mobil maju lalaunan ngajauhan lapak. Meuntasan lapang, bras ka jalan gedè.
Ari malik sabot mobil leungit tina panènjona, ngagedig muru karung jilid buku, dijingjing ka bèdèng pangsarèan. Pek diudulkeun sina ngabayak. Hing we ceurik. Bari ngarawuan jilid nu ngabayak. Hiji-hiji diasupkeun deui kana karung. Manèhna jol ras kanu jadi indung mangsa luncat tina sasak. Ras kanu jadi Bapa nu nyarekan bari nundung. Ngageremet hayang mulangkeun kanyeri. Ras deui ka Mang Otong. Ras pisanna mah kana omonganana, “Hampura dèwèk, euy!”
Kalimah anu remen pisan kadèngè ku ceuli Ari. Kalimah nu èta-èta kènèh saban Mang Otong geus rèngsè naranjangan sarta ngaguley awakna di bèdèng ieu. Kalimah èta-èta kènèh. Teu kaitung geus sabaraha puluh kali, ratus meureun, saprak diampihan sina cicing ngajaga lapak rongsok ieu.
Ari sakilat cengkat. Deregdeg kana tumpukan korompongan jeung beusi. Deregdeg deui kana tumpukan kompan. Diilikan hiji-hiji. Nu aya eusian dibuka tutupna. Diangseuan. Belewer dialungkeun. Gap deui nènèangan. Barang manggih nu ditèangan mah laju digiwing ka jero bèdèng. Wur, eusina diawur-awur di jero bèdèng. Diawur-awur ka saban tumpukan karung di lapak. Diawur-awur saampar lapak. Sanget bau bensin.
“Hampura dèwèk, euy!” ceuk Ari semu ngagerem, duka ka saha. Cekes. Gur. Bèdèng pangsarèanana ngabebela. Teu lila seuneu ngalèntab ka mamana. Ngahuru lapak rongsok. Sedeng Ari ngagedig bari nangkeup karung eusi jilid buku, ngagedig satengahing lapang.***
Toni Lesmana lahir di Sumedang. Namatkeun sakola di Universitas Winayamukti. Nulis sajak jeung prosa dina basa Sunda ogè basa Indonèsa. Kungsi sababaraha kali dileler LBSS. Buku nu anyar medal, kumpulan carpon Dongèng Kampung Sarah (Trubadur, 2021). Kiwari matuh di Ciamis. Ngokolakeun Rumah Koclak.
https://purwakarta.ayoindonesia.com/berita-purwakarta/pr-321933248/sastra-sunda-hampura-dewek-euy?page=all
0 Komentar