Carpon Yeyet Herayati
NGARANNA Istiqomah. Tapi nénéhna Iis. Ti jaman SD nepi ka lulus SMK nelah Iis baé. Rancunit geulis, awak jangjing, buuk ngagebay panjang. Pamujian saréréa ku pinter jeung lungguhna. Boga kolot ngan sabeulah, indungna wungkul. Bapana tilar, serangan jantung, waktu Iis karék asup SMP. Pakaya nu teu sabaraha téh dimeumeujeuh ku indungna Iis. Dadagangan deungeun sangu di babancik imahna. Nya tina ladang dagang réncang pisan Iis bisa terus sakola najan bari seuseut-seuat. Nu matak Iis sok disarebut Iis Gowéngan. Teu ieuh éraeun da mémang enya bisa sakola téh éstu tina ladang gowéngan.
"Wayahna lulus SMK téh ulah neruskeun kuliah, Is. Mamah mah teu sanggup ngabiayaan. Dadagangan batan sakieu, Iis gé apal ieuh," ceuk indungna, hiji mangsa satutas Iis balik PKL di kantor koperasi.
"Kumaha atuh, Mah? Mangkaning Iis diajukeun béasiswa ku pihak sakola pikeun neraskeun kuliah ka kota," témbal Iis ngarigah.
"Béasiswa mah ngan ukur keur biaya pendidikan wungkul pan? Meureun Iis téh kudu dahar, kudu boga keur mayar indekos, can biaya buku, motokopi, jang jajan. Piraku onaman batur jajan, ari Iis ceuleumeut lalajo batur," indungna mertélakeun.
Iis tungkul, cipanonna ngembeng.
"Lain Mamah teu hayang boga anak jadi sarjana, lain mamah teu ngarti kana kahayang Iis. Tapi Iis kudu ngarti kana kaayaan urang. Boga tanah satapak peucang ogé apan dipelakan sayur pikeun Mamah nyieun dagangan. Tuh, geuning Ceu Mira anak Wa Guru ogé, kuliah téh mani kanyat béak sawah sakotak. Cacak anak nu beunghar," indungna ngusapan tonggong Iis.
Teu kaampeuh cipanon Iis murubut, maseuhan erok seragam abu-abuna.
"Lebar ijazah, Mamah. Ceuk batur mah Iis téh pinter. Piraku ijazah ladang sakola taun-taun téh teu guna, ngan ukur semet jadi purah tunggu lomari. Kanggo naon atuh Iis diajar soson-soson tur réngking kahiji unggal taun ari teu kuliah mah?"
Iis ngépéskeun leungeun indungna.
"Har ... Na ceuk saha teu guna? Iis bisa ngalamar gawé maké ijazah SMK," indungna muncereng.
"Didamel naon ngandelkeun ijazah SMK, Mah? Jadi pelayan toko? Jadi cleaning service? Jadi baby sister?" Iis ceurik beuki tarik.
"Aéh-aéh karah ceurik. Lulusan akuntansi mah moal hésé, ieuh. Ulah kuméok méméh dipacok. Milik mah kumaha Gusti. Keun, Mamah rék néangan konéksi, sugan wé atuh Iis bisa jadi pagawé kantor. Ku Mamah dipuhupa-pihapé, kalem ... "
***
Waktu acara perpisahan di sakola, Iis mah teu bérag siga batur. Ngungun bari nangkeup piala salaku lulusan nu jumlah peunteunna panggedéna.
"Is, neraskeun kuliah ka mana?" Bu Emma jol gék gigireun Iis.
"Moal, Bu," témbal Iis bari tungkul.
"Aéh naha? Iis pinter, lebar mun teu diteraskeun."
"Moal, Bu. Teu gaduh biaya."
"Oh atuh ari moal kuliah mah mending didamel nya, Is. Kersa damel di koperasi? Aya wargi ibu, kamari téh nawisan lowongan kerja. Ké geura nya cuang taroskeun deui ku Ibu sugan masih aya lowongan," Bu Emma ngodok kantongna, néangan HP.
Laju nelepon ka dulurna téa, nanyakeun sual lowongan gawé. Hég cenah masih nampa pagawé. Iis marahmay sapada harita. Kembang harepan dina haténa marakbak hégar.
Teu kanyat bubulanan ti saprak Iis ngajukeun lamaran. Ditarima di Bank Simpan Pinjam satutas ngaliwatan sababaraha tahapan seléksi. Kahijina mah meureun bawaning tarik milik, kaduana mah meureun pédah peunteun Iis dina ijazah aralus, katambah ku rupa Iis nu geulis. Babari pisan ditarima, ngéléhkeun antrian puluhan urang nu sarua papada ngalamar gawé.
Horéng lain koperasi, tapi bank leutik anu kagiatanana nginjeumkeun duit ka sing saha baé anu butuh kalayan teu kudu maké agunan. Sistemna tanggung rénténg kelompok. Mun dina hiji kelompok aya saurang nu teu bisa mayar, wayahna anggota kelompokna kudu nanggung jawab pikeun nyicilan.
Iis meunang pancén bagéan lapangan. Sasat unggal poé nguriling ti hiji tempat ka tempat séjénna. Ku kasoméahanna, Iis sok pada ngabagéakéun. Kalan mun balik téh sok angkaribung ku pamahanan ti ibu-ibu débitur. Iis mah soméah tapi tegas. Pengkuh kana SOP. Mun hideung, kudu hideung, teu bisa robah jadi kulawu. Nu matak karirna babari nérékél, kapaké ku dunungan.
"Mah, Iis kareureuwasan tadi mah," Iis hariweusweus ka indungna.
"Na ku naon?"
"Aya istri ditampiling ku salakina."
"Euleuh, pédah naon?"
"Nambut artos, tapi salakina teu apaleun. Pas waktuna kedah kumpulan pikeun mayar cicilan, karah babalicetan. Antukna ku Iis disusul ka bumina. Kasampak salakina pisan nu aya téh. Nya Iis mah balaka wé soal tambutan istrina. Na atuh éta salakina jol ngamuk. Istrina nu keur nyumput di dapur téh diséréd ka payun. Gampleng-gampleng ditampiling dugi ka auk-aukan nangisna gé. Dicarékan lak-lak dasar. Horéng cenah salakina mah teu kungsi ningal-ningal acan kana artosna. Duka dianggo naon da teu ngaku."
"Harrr étah ... Aya kituna. Ari Iis kumaha waé atuh?"
"Nya Iis mah da kawajiban nagih. Nya tagih wé. Komo kamari mah aya ibu-ibu nu dianggap weureu ku tatanggana. Unggal témpo mayar cicilan, rabeng utapyakan milari tambutan ka tatangga keur mayar cicilanna. Aya nu ngajual hayam, ngajual térmos, kalan cenah aya ogé nu ngajual tiung nu asalna mésér dua ratus rébu, dijual lima puluh rébu. Asa lulucon nya, Mah?"
"Na keur naon atuh cenah waranian unjam-injeum kitu nya? Komo maké teu apaleun salakina mah. Kulawarga kumaha éta téh, Is? Masakat kawas urang? Keur nutupan bubutuh hirup?"
"Rupi-rupi, Mah. Aya nu mémang kanggo modal dagang, aya anu kanggo nutupan kabutuhan sadidinten, tapi seueur ogé anu nambut keur nyumponan gaya hirup. Mésér tipi ageung, mésér perhiasan, acuk mahal, atanapi HP kekinian."
Indung Iis unggut-unggutan ngabandungan Iis cacarita.
Mémang ti saprak Iis digawé, jadi robah kacida. Iis jadi wanian, jadi teureugeus. Sigana tungtutan pagawéan nu ngarobah Iis sangkan kudu siga kitu. Panceg dua taun, kahirupan Iis jeung indungna katémbong eungkeut-eungkeut. Warungna digedéan. Iis boga motor sorangan. Nu matak, indungna jeung Iis ngaenyakeun waktu Tedi nyebut rék nanyaan. Malah mah cenah rék tuluy muguhkeun waktu. Moal éra teuing nampa sémah, majar téh. Sanajan Iis can diwanohkeun ka kulawarga Tedi, Iis geus nékadkeun, mun geus ditanyaan mah rék eureun gawé di bank Simpan Pinjam téh, horéam kudu hayoh waé aduregeng jeung batur. Horéam kudu hayoh waé ngagugulukeun riba.
"Is, tagihan macét yeuh di lembur peuntas," ceuk Kacab bari kerung melong layar komputer.
"Sabaraha kelompok?" tanya Iis.
"Minggu kamari mah tilu. Bérés hiji. Kari dua deui. Sanggup ngahéndel?"
"Siap, Bos! WA-keun alamatna," témbal Iis.
Laju rikat ngarawél konci motor nu ngagolér dina méja. Rap maké jékét.
"Perlu dikawal?" ceuk Kacab.
"Sareng Mira wé nu galak. Beunang dipercaya Si Éta mah, kakara ningali rigigna gé nu ditagih téh geus ngompod," Iis nyakakak.
Mira nu keur nyuruput kopi susu, méh kabesékan.
"Hayu, lah. Asal kaharti wé," Mira nyengir.
"Kahadé ulah balangah. Ieu débitur bandel. Track record-na goréng. Ceuk béja mah cenah sok maséaan. Leuwih galak batan débt collector. Maén bedog. Yakin moal kudu dikawal security?" Kacab ngingetan.
"Moal lah. Geuning nu di lembur kulon gé sakitu galakna ceuk batur mah, papahareup jeung duo Mira-Iis mah bérés," Mira saged maké jékét, ngagandong ransel eusi berkas penagihan.
Jeung enyana, tagihan sakumaha macétna mun geus dibebenah ku Iis jeung Mira mah sok bérés waé. Nu matak antukna Iis jeung Mira dibéré pancén pikeun mémérés tagihan nu macét.
Anjog ka lembur peuntas, teu kungsi hésé néangan alamat. Kasampak ibu-ibu geus alandéprok, sahéng siga nyiruan pindah. Patarik-tarik ngomongkeun kelompok nu majar macet téa.
"Di saha ieu téh macétna?" Iis nanya ka ibu nu ditiung beureum.
"Éta di Bi Acah, Néng. Ditagih karah maséaan. Karah gogorowokan. Jadi matak keuheul ka saréréa. Puguh duit keur harésé, usum werit kieu. Boro-boro keur nalangan hutang batur, keur nyicilan nu sorangan gé meunang gali lobang tutup lobang," témbal ibu nu tiung beureum capétang.
"Majar téh nginjeum duit keur ngawinkeun anakna. Ceuk aing mah montong hayang hajat ari teu gableg duit mah. Balaga ..." Ibu nu tiungna hideung mairan.
"Nam geura Néng, tagih langsung ku patugas ka ditu. Sugan éraeun. Piraku wani gagarawakan ka patugas," ceuk ibu nu tiung beureum deui.
Teu bisa majar kumaha, kapaksa Iis jeung Mira katut sababaraha urang, ngabring ka imah Bi Acah. Leumpang mapay lamping, jaba leueur tapak hujan. Heuleut saparapat jam, anjog ka buruan imah Bi Acah. Mireng sada jalma loba, Bi Acah pakulutrak muka panto. Sigana geus ngajudi yén nu daratang téh nu rék naragih. Jol séak sérénténg Bi Acah nulak cangkéng.
"Aéh ari sia, na teu beunang dipersabenan. Ceuk Aing euweuh, nya euweuh. Naon nu rék dibayarkeun?" Bi Acah tunjuk rorék ka ibu nu tiung beureum.
"Geus opat kali ditalangan, Bi. Piraku hayoh waé euweuh? Ulah cukup ku euweuh, hutang mah kudu dibayar. Tah ieu yeuh, sok Ibi ngomong ka patugasna, kudu kumaha-kumahana!"
Bi Acah melong ka Iis jeung ka Mira, laju nyampeurkeun bari angger nulak cangkéng.
"Yeuh, Néng, sing wijaksana ari jadi patugas. Montong sadéngé-déngéna narima laporan. Ari euweuh, naon nu kudu dibikeun? Geus aya gé keur mayarna moal hésé mayar!" Bi Acah muncereng ka Iis.
Mira geus gateul hayang adu hareupan jeung Bi Acah, maju saléngkah. Rikat ditahan ku Iis. Mira ngajeten gigireun Iis.
"Hapunten, Ibu. Abdi mung ngajalankeun tugas. Wayahna ibu kedah merhatoskeun kanggo nyicilan. Dina laporan, parantos opat minggu ibu kosong. Hawatos ka nu sanés kedah nanggung cicilan ibu," Iis leuleuy nyanghareupan Bi Acah nu keur émosi.
"Paduli teuing. Ceuk Aing gé ari euweuh naon nu kudu dibikeun? Ngan saukur ngajalankeun tugas pan? Nu diinjeum ku Aing lain duit manéh pan? Teu kudu riweuh milu nagih! Haraling kaituh ... Bisi Aing kaburu ambek yeuh!" Bi Acah ngusir Iis bari nyurung-nyurung, Iis kanyat tijolongjong.
Mira béak sabar. Pigeulang Bi Acah ditéwak, dicekel pageuh.
"Ulah maén pisik, Bu! Bisi dilaporkeun ka pulisi, Ibu ngalakukeun tindak kekerasan!" Mira nyentak Bi Acah.
"Jor laporkeun! Teu sieun, Aing mah!" Bi Acah ngagorowok bari ngépéskeun leungeun Mira satarikna.
Ibu-ibu sahéng. Bi Acah ngarawu batu, diambang-ambang ka Iis jeung Mira. Ibu-ibu patinggorowok nyarékan Bi Acah nu siga kasandingan. Sewur batu koral dina leungeun bi Acah diawurkeun ka palebah ibu-ibu. Mira rikat ngagiwar, inggis katénggor. Iis apes, telat ngagiwar. Tarangna katénggor batu. Wer ... getih ngaley tina tarangna. Kawantu keur tengah poé éréng-éréngan, getih ngucur teu kaampeuh, maseuhan jékét Iis.
"Téwak jalma kitu mah. Laporkeun ka pulisi, tuman! Komo ieu geus kaniaya!" ceuk ibu nu maké tiung konéng bangun gemes, bari nulungan Iis.
"Jor, teu sieun! Dipanjara gé bakal téréh bébas aing mah. Rék boga minantu pagawé bank, bakal ditebus! Matak tong sok nyieun pucuk ti girang ka Aing mah! Ceuk aing gé bakal dibayar, engké mun geus aya. Bakal dibayar kabéh gé ku piminantueun Aing!" Bi Acah mingkin ngacaprak.
Ningali getih tina tarang Iis nu teu daék saat, ibu-ibu mimiti panik. Aya anu cuh-cih néangan daun Kirinyuh pikeun ngampet getih, aya anu lumpat ka warung nyiar obat beureum jeung perban.
Teu lila kurunyung motor ngadeukeutan, asup ka pakarangan.
"Aya naon ieu? Ema ku naon?" Nu numpak motor gagaridus turun, bari muka hélm.
"Ieu, Jang, yeuh. Ema manéh ngamuk ka patugas ti bank. Ngérakeun pisan. Ieu tulungan Si Enéng bawa ka Puskesmas, getihna ngaley waé," ibu nu tiung hideung hariwang.
"Sok, Néng, dijajap ka Puskesmas nya, kawerat teu?" ceuk ibu nu maké ciput.
Mira mantuan Iis hudang.
Nu numpak motor rék mantuan ngabéyéng Iis. Reg hareupeun Iis. Nyidik-nyidik.
"Iis?"
"A Tedi, wios teu kedah dijajap. Teu kedah ka rorompok Iis deui."
"Is, ké heula. Ieu aya naon? Ujug-ujug. Hayu ku A dijajap heula. Tos dilandongan mah urang nyarios sing puguh," Tedi rungah-ringeuh.
"Teu kedah, A. Taroskeun ka tuang Ibu. Wilujeng kantun!" Iis ngenyed leungeun Mira sangkan marengan léngkahna. Leungeun kéncana nyekelan tisu nutupan getih dina tarangna.
"Ma, ari Iis ku naon?" Tedi malik ka Bi Acah.
"Iis saha?" Bi Acah malik nanya.
"Itu anu tarangna getihan téh Iis, kabogoh Tedi. Na dikumahakeun ku Ema?"
"Baruk, éta téh piminantueun Ema? Pagawé bank téa?" Bi Acah molohok.
Tedi unggeuk bari beungeut rungsing. Iis jeung ibu-ibu mingkin jauh. Lain teu hayang ngudag. Tedi apal pisan kana pasipatan Iis.
"Emaaa, duh ...!" Tedi nungkupan beungeut ku dua leungeunna.
Bi Acah ngajengjen teu puguh rampa, lalaunan ngolosod kana témbok. Teu inget di bumi alam.***
Yeyet Herayati (Bune Upik) lahir di kota Banjar, taun 1970. Bumén-bumén di Tasikmalaya ti taun 1993 nepi ka kiwari. Mimiti resep kana tulas-tulis, mangsa SMP. Kungsi kandeg sakedapan alatan nuluykeun sakola di Jawa Tengah, laju dituluykeun deui satutas kuliah di jurusan Bahasa & Sastra Indonesia Universitas Siliwangi. Bune Upik leuwih daria nulis dina basa Sunda tinimbang dina basa Indonesia. Hal éta dibuktikeun ku dimuatna karya sineratna di sababaraha média citak, dina basa Sunda. Di antarana carpon-carponna di Tribun Jabar, Sundamidang, Kabar Priangan, Ayobandung.com, jrrd.
0 Komentar